Senin, 07 Maret 2011

Langit Biru Pajajaran (naratas jalan pajajaran nu saestu)

MUASAL PUNCAK JAYA PAJAJARAN

PRABU WASTU KANCANA ANU JADI RAJA PAJAJARAN
Dina mangsa Pajajaran diujung kaancuran, Prabu Wastu Kancana teu wasa ningali kaayaan Pajajaran awut-awutan, bade kasaha sareng rek dikamanakeun eta karajaan, saha jalmana anu tiasa mingpin eta karajaan, putrana, Raden Wastu Dana Citra alim narima tahta karajaan, sabab anjeuna leuwih milih pikeun nyucikeun diri diajar kanu arti hirup sabenerna, sabab tahta henteu bakal ngajamin bahwa dirina bakal meunang sawarga anu jadi tempat tujuan hirupna manusa, anjeuna leuwih milih cicing ditempat anu tenang, sareng gentos nami janten Pandita Arya Darma Gandi.
Kusabab kaayaan karaton anu riweuh, putra Pandita Arya Darma Gandi nyaeta Raden Walangi, ngiring sareng rama na katempat anu teu batur apaleun, mung saukur uwana, rakana Pandita Arya Darma Gandi, nyaeta Raden Surya Kancana anu uninga dimana ayana, mingkin lila Pajajaran mingkin jauh tina kasajahtraan, mingkin loba serangan tiditu-tidieu, ampir tiap dinten kakacauan aya di Pajajaran.

SURYA KANCANA DIANGKAT JADI RAJA PAJAJARAN
Paciweuh mingkin riweuh, kabingung anu ngagunung, Prabu Wastu Kancana ngarasa teu sanggup mingpin karajaan, bade dikamanakeun ieu tahta, da putrana sorangan alim jadi raja, da padumukanana ge anjeuna teu uningaeun, lajeng weh Prabu Wastu Kancana gempungan sareng pinisepuh karajaan, anjeuna ngikrarkeun diri teu sanggup mingpin Pajajaran, sabab nu dilawan lain musuh nu kadeuleu, tapi musuh nu teu mangrupa nu aya di jero karajaan keneh, anu ngudag-ngudag tahta pajajaran. Nya akhirna diputuskeun ku Prabu Wastu Kancana masihkeun kujang Pajajaran ka putrana nu kahiji nyaeta Raden Surya Kancana, tapi Raden Surya Kancana oge nolak, sabab dina pamadegannana ti awal anjeuna alim pikeun jadi raja, anjeuna ngan saukur siap ngabantu kana pamarentahan, ngawangun pajajaran, teras Prabu Wastu Kancana nyarios ka Raden Surya Kancana :
“Naha hidep teu nyaah kanagara .. ?, naha hidep teu bakti kanagara….?, lamun hidep teu sanggup narima tahta karajaan, mana jangji hidep nu diucapkeun bakal ngawangun Pajajaran, dimana tanggung jawab hidep salaku kulawarga karaton ? .”
Dina pamikiran Raden Surya Kancana tiasa wae anjeuna nyaurkeun, ngabejakeun dimana ayana Raden Wastu Dana Citra rayina, tapi anjeuna tos jangji moal ngabejakeun kasasaha dimana ayana. Nya ahirna anjeuna narima pikeun jadi raja Pajajaran, narima tahta karajaan, anjeuna sanggup narima tahta karajaan pikeun nengtremkeun deui pajajaran, tapi janji kadirina, saparantos Pajajaran tengtrem, makmur sapertos biasana, teu aya pemberontakan, gangguan dimana-mana, anjeuna bade nyerahkeun tahta karajaan ka rayina Raden Wastu Dana Citra, sabab saenyana rayina anu hak narima tahta karajaan, dirina ngan saukur jadi pamuka jalan pikeun ngajugjug karaharjaan sabab dina pamikirna anging rayina anu mampu, bersih hate jeung pikirna teu ngudag tahta teu ngumbar hawa napsu ngarti kana tujuan hirup nu sabenerna.

OBROLAN PRABU SURYA KANCANA SARENG RADEN WASTU DANA CITRA
Saatos Raden Surya Kancana ngadeg janten raja Pajajaran, kaayaan Pajajaran jauh tina harepan ku hamba rahayat sakabeh, naon-naon nu dilakukeun ku Prabu Surya Kancana, teu katarima ku sakabeh nu aya di Pajajaran, kabingung kurasa hariwang kudu kumaha nyanghareupan anu model kitu, kudipikiran, ahirna anjeuna mutuskeun pikeun nepangan rayina, anjeuna miang nepangan rayina sareng Putra rayina nyaeta Raden walangi, Prabu Surya Kancana nyaritakeun kaayaan Pajajaran ayeuna ka rayina, maksad bade mundut rayina pikeun narima tahta karajaan Pajajaran.
“ Pun rayi, naha hidep teu kagugah, naha hate hidep teu boga kanyaah, naha hidep teu boga tanggung jawab kanagara ngadangu kaayaan Pajajaran anu riweuh ku bancang pakewuh, anu ngaharepkeun ayana jalma anu bersih hate jeung pikirna, anu lancip pikirna sareng anu gaduh wibawa”.
“ Pun raka, pamikiran model kitu dikarajaan teh lain hiji atawa dua jalma, tapi rebuan bahkan jutaan, naha sakabehna bakal turut kakaula, sabab kaula ge jalma biasa, naha pun raka ngajamin mun kaula ngadeg jadi raja, naon nu diharepkeun ku pun raka Pajajaran jauh tina bancang pakewuh, Pajajaran raharja bisa kalaksana, namung sing inget, lamun jalma nu ngartina ngan sorangan apa nu lain na bakal ngarti kanu sabenerna, moal ujug-ujug kaula jadi raja heug nagara jadi aman, lamun sadayana jalma teu ngarti kanu hak sareng kawajiban manusa nu saenyana, sabab ridona hyang widi anu bisa nyieun Pajajaran raharja, pinuh deui ku wibawa, sajahtra, aman santosa.”
Kaemut ku Prabu Surya Kancana geningan dirina ngarti, dirina tos kabawa ku hawa dunya, sabab ku ambisi hayang nyieun karaharjaan, tapi teu emut yen sadayana tos aya nu ngatur, mereun tos kahendakna hyang widi Pajajaran ngalaman bancang pakewuh, naha dirina bet kabawa ku nafsu, kuhayang salilana Pajajaran jaya, padahal mereun geus waktuna Pajajaran di uji ku nu jiga kieu, dirina ngarasa leutik dipayuneun rayina, geningan, sanajan pamaksudan dirina bener, gening aya nu leuwih bener, sanajan dirina ngarti, gening aya nu leuwih ngarti, aya nu leuwih jero jalan pipikiranana, henteu ngalakukeun tindakan dibawa ku nafsu dunya. Teras deui Raden Wastu Dana Citra nyarita : “ Pun raka.. lamun urang ngalakukeun tindakan tampa dipikir sabab jeung akibatna, naon nu bakal dilakukeun ku urang salah, sing inget Trisula, hate jeung pikir, pikir jeung ucap sadayana kedah sarua, tong nepi ka benten antara hate jeung pikir, pikir jeung ucap, ucap jeung lampah”.
Mingkin lami ngadangu ucap rayina, Prabu Surya Kancana mingkin ngarasa leutik dirina, dugi ka reumbay cisoca, dugi ka nangis batinna, geningan pangarti nu aya didirina jauh keneh dinu kecap sampurna, teras anjeuna naros, “ Pun rayi kedah kumaha jalana ngawangun nagara nu jiga kieu ?”.
“ Teu kumaha-kumaha, mun Hyang Widi ngaridoan nagara sejahtra pasti sejahtra, mun Hyang Widi ngaridoan Pajajaran jaya, pasti jaya, kumaha carana..?, mangga pun raka emut kanu harti lampah manusa didunya, nyaeta lampah ngumpulkeun kahadean, lampah ngumpulkeun amal, nyaeta ibadah, apal kasajatina Hyang Widi, tapi lain saukur ku salira, tapi kusadayana, ku rahayat, ku tokoh masarakat, ku pinisepuh karajaan, ku pajabat-pajabat karajaan, ku prajurit karajaan, ku raja anu ngarti kana wangi nu sajati, nyaeta raja nu nyeungitan ka rahayatna, rahayat nyeungitan ka rajana, jadi kudu silih emutan antara pamingpin sareng rahayatna, hampura kaula teu tiasa narima eta tahta, hiji mangsa pasti kapanggih, hiji mangsa pasti datang, datang ka Pajajaran budak nu ngarana Munding Wangi”.
“ Saha ari Munding Wangi teh” ? saur Prabu Surya Kancana .
“ Eta ngan saukur siloka, ari munding teh ingon ingon, ari wangi teh seungit, nyeta sanajan manehna ngarti, sanajan manehna apal, manehna teu ngarumasakeun bahwa dirina geus sampurna, sabab manehna ngarti saenyana dirina oge jalma biasa”. Ngadangu kitu, dirina Prabu Surya Kancana yakin jeung percaya, mudah-mudahan Hyang Widi nepangkeun dirina sareng jalma nu dimaksud ku rayina, mingkin kabuka hatena, anging pitulung sareng kersana Hyang Widi anu tos ngabuka Pajajaran jaya, ahirna anjeuna wangsul deui ka Pajajaran.

PRABU SURYA KANCANA MIANG KA TANAH ARAB
Saatos nepangan rayina, saparantos dugi deui ka Pajajaran, Prabu Surya Kancana emut deui kadirina, kagagahan, kakuatan, sareng pangarti anu aya dina diri anjeuna masih keneh jauh tinu kasampurnaan, mingkin ngarumasakeun yen dirina teu sanggup pikeun nyepeng tahta karajaan, sabab sanajan bener, manehna teu tiasa ngabebener, ahirna anjeuna mutuskeun pikeun nyerahkeun tahta karajaan kasaha bae anu hayang, anu ngarasa dirina mampu, bade dikumahakeun ge mangga teh teuing, ahirna anjeuna miang ngumbara ka tanah Arab, sabab diditu saurna aya hiji jalmi anu ngarti kanu arti tujuan hirup anu sabenerna, anu ngandung harti, anjeuna hayang diajar deui pikeun ngadeukeutan kasampurnaan hirup, rek di diajar jeung rek guguru ka eta jalmi, nyaeta sayidina Ali, ahirna anjeuna diajar di tanah arab, nyaeta diajar pamadegan nu disebut Islam nu ngandung harti salamet.
Kaayaan Pajajaran mingkin kacau, perang baraya parebut kakawasaan, parebut tahta karajaan, huru hara dimana-mana, lami-lami pihak luar oge ngadanggu yen Pajajaran kaayaan nuju perang baraya, ahirna pihak ti luar oge ngiring perang, pada-pada hayang nyepeng Pajajaran, sahengna jagat Pajajaran ngalunturkeun wibawa Pajajaran .
Di tanah Arab, Prabu Surya Kancana teras diajar ku bimbingan Sayidina Ali sareng ngikrarkeun yen Prabu Surya Kancana lebet Islam, ahirna kabuka jalan pikirannana, leuwih lancip hate jeung pikirna sabab Islam ngajarkeun salamet keur dirina, kitu deui jeung ka batur, mingkin kuat akidahna, nyaeta akidah anu anyar nu dianggem ku dirina. Saatos dirina ngartos, kanu saenyana, Prabu Surya Kancana mulang deui ka Pajajaran, ku kasaktian, ku kabersihan hate jeung pikiranana anjeuna mampu ngalawan pamberontakan ti jero sareng tiluar, saatos rengse sadayana, anu parebut kakawasaan saking ku sieun ningali pangarti sareng kasaktian Prabu Surya Kancana, maranehna teu wantun pikeun nandinganana, teu sanggup nandingan kagagahanana, maranehna caricing bari jeung saenyana dina hatena teu narima ku wangsulna Prabu Surya Kancana. Pajajaran teu aya nu nyepeng teu aya raja di Pajajaran sabab Prabu Surya Kancana sateuacana oge tos nyoplokeun tahta karajaan, tapi sanaos kitu, anjeuna ngajalankeun roda pamarentahan dirojong ku pini sepuh, sareng pajabat karajaan, sanaos teu aya rajana Pajajaran tetep aya, anjeuna nembongkeun Islam nu sajati, sabab anjeuna gaduh maksad pikeun nyebarkeun Islam di Pajajaran.

PRABU SURYA KANCANA NEPANGAN DEUI KA RADEN WASTU DANA CITRA SARENG RADEN WALANGI
Prabu Surya Kancana sanajan anjeuna tos nyoplokeun tahta karajaan tapi, ku para pini sepuh karajaan sareng ku para pajabat karajaan anjeuna masih keneh dianggap raja Pajajaran, sabab di Pajajaran teu aya nu mingpin, tapi di Pajajaran pamarentahan dicepeng ku senopati Buana Reksa, dina hiji mangsa anjeuna miang deui ka tempat Raden Wastu Dana Citra sareng Raden Walangi .
“ Assalamualaikum …. “ saur Prabu Surya Kancana ka rayina, rakana nyucapkeun kitu Raden Wastu Dana Citra ngahuleng naroskeun ka rakana,
“Kalimah naon eta, ucapan naon eta ? “,
Prabu Surya Kancana ngawaler : “sanes nanaon etamah ucapan salam, mudah-mudahan pun rayi aya dina kasalametan sareng kasajahtraan kasadayana, hampura bilih paham nu ku kaula dianggem benten sareng paham nu ku pun rayi di cepeng,” anjeuna nyaritakeun pangalamanana ka rayina miang ka tanah Arab.
“Mangga bae etamah pun raka, kaula moal ngulahkeun, sabab mun enya kirana eta anggeman pun raka teh sajalan, sajulur, sareng tiasa ngartikeun jati diri manusa nu sabenerna, mangga teh teuing, sabab tadi kaula ngdangu caritaan pun raka intinamah ngabebener laku lampah urang di dunya, mung cara ibadah wungkul anu benten, sabab, etamah balik deui kana kayakinan masing-masing jalmi”.
“ Pun rayi kaula hayang tepang sareng Raden Walangi” saur Prabu Surya Kancana, Raden Wastu Dana Citra nyauran Raden Walangi, teras Prabu Surya Kancana nyarios deui karayina, : “ pun rayi naha hidep ngaridoan lamun paham nu dicepeng ku kaula di ajarkeun ka Raden Walangi ? “
“ Mangga wae taros ka Raden Walangi, kaula moal bisa nangtukeun jalan kahirupanana, bade kamana-mana bae oge anu penting mah laku lampahna bener, jujur, tong leupas tina pamadegan, bade pamadegan salira atanapi pamadegan kaula, mangga wae Walangi bade nyepeng pamadegan anu mana terserah,” Raden Walangi ngawaler, “ kaula tetep bade ngiring sareng pun bapa, bade nyepeng pamadegan pun bapa, sabab dina hate kaula tos kuat kayakinanana kana kitab weda”, ngadangu kitu mah Prabu Surya Kancana teu tiasa maksa Raden Walangi pikeun nyepeng pamadegan dirina, sabab dina pamadeganana, teu aya paksaan pikeun maksa kamanusa nyepeng pamadegannana, sabab dina kitab Al Qur’an anu tos dipelajari kudirina, anging jalma anu kabuka panto hate jeung pikirna anu diridoan ku gusti Alloh, salamet hirupna di dunya sareng diaherat, lami-lami Prabu Surya Kancana nyaritakeun tujuan dirina dongkap kadinya pikeun nyuhunkeun ka Raden Walangi pikeun narima tahta karajaan Pajajaran, tapi Raden Walangi nolak, alim anjeuna jadi raja, sabab anjeuna ningali teu yakin kadirina sorangan, naha bakal sanggup nyepeng tahta karajaan, sareng tujuan hirupna teu ngagaduhan niat pikeun ngudag tahta, tapi hayang nulung kasasama, ngumpulkeun amal ibadah pikeun nyorang ka sawarga. Prabu Surya Kancana bingung ngadangu sasauran Raden Walangi sabab teu aya deui jalma anu hak narima tahta karajaan iwal ti dirina putrana putra mahkota Pajajaran.
Prabu Surya Kancana nyarios deui ka rayina : “ pun rayi, kedah kumaha, bade dikamanakeun ieu tahta, naha pun rayi rido lamun Pajajaran dipingpin ku jalma-jalma nu ngudag tahta, anu teu ngarti kanu sajatina pamingpin, anu teu ngarti kanu kujang raga kusumah atawa ku kaula bade di bebeskeun wae eta karajaan, mending leungit sakalian tibatan aya ninggalkeun tapak nu teu hade”.
Raden Wastu Dana Citra reuwas ngadangu sasauran rakana anu model bieu, ahirna anjeuna nyarios ka putrana, : “ Walangi, ngahaja kaula embung jadi raja, kaula embung jadi raja teh lain saukur embung, tapi kaula boga pamaksudan pikeun ngagemleng hidep jadi raja, anu ngarti kana artina raga kusumah, nyaeta pamingpin anu beresih hate jeung pikirna, anu teu dikendalikaeun ku hawa napsu dunya, mudah-mudahan ku kaula di doakeun hidep tiasa pikeun ngagaduhan gelar Sri Baduga Maha Raja, nyaeta raja nu ngarajaan raja, naha hidep ngarti kana pamaksadan kaula, hidep dibawa heula sangsara ku kaula ngarah hidep ngarti kumaha kaayaan nu di handap, kaayaan rahayat, ngarah hidep teu sawenang-wenang marentah.”
Raden Walangi ngahuleng ngaragameneng, sareng ahirna anjeuna mutuskeun, anjeuna nyarita ka Prabu Surya Kancana : “ heug, kaula narima pikeun jadi raja tapi kaula menta sakabeh rahayat Pajajaran timimiti pajabat nepi ka rahayat, tong aya nu ngagung-ngagung kaula, sabab kaagungan ngan saukur milikna Hyang Widi, tapi ayeuna kaula moal waka narima, sabab kaula masih keneh deet ku pangarti, masih deet ku pangabisa, masih keneh aya hal anu kudu di apalkeun ku kaula, mangga wae ayeunamah pimpin heula karajaan sabab kaula keur diajar keneh,” ngadagu kitu Prabu Surya Kancana ngarasa bagja jeung sugema, ahirna Pajajaran bade dicepeng deui kunu hakna, nya ahirna, Prabu Surya Kancana mulang deui ka Pajajaran.

GEUNJLEUNG KARATON PAJAJARAN
Kusabab teu aya anu jadi raja di karaton Pajajaran, pihak-pihak anu hayang ngarebut tahta karajaan mingkin wani pikeun ngeundeuk-ngeundeuk karajaan bari jeung ayeunamah teu susulumputan, sanjata diangkat, nepi ka kajadian perang di alun-alun pasundan, loba rahayat nu sangsara, loba rahayat nu cilaka ku polahna jalma anu ngudag-ngudag tahta, rahayat mingkin sangsara, kedah kumaha, kamana sareng kasaha neang jalma anu bisa mawa Pajajaran raharja, iwal ti saha ?, nyaeta Raden Walangi, anu diharepkeun ku hamba rahayat sakabeh, tapi arinyana teu uninga dimana ayana Raden Walangi, tapi arinyana yakin jeung percaya bari ngadu’a jeung usaha pikeun neang Raden Walangi mulang ka karaton, sanajan keur eta masih keneh budak, arinyana uninga ayeunamah pasti geus dewasa, Prabu Surya Kancana kagugah hatena ku kahayang rahayat pikeun enggal-enggal nyandak Raden Walangi ka karaton.

TANYA JAWAB PRABU SURYA KANCANA SARENG RADEN WALANGI
Kusabab ningali kaayaan rahayat nu model kitu, Prabu Surya Kancana dongkap deui ka tempatna Raden Walangi sareng Raden Wastu Dana Citra, saparantos aya di tempatna Raden Walangi di barengan ku ramana, Raden Walangi sareng Prabu Surya Kancana silih tempas ngeunaan pamadegan Raden Walangi sareng Prabu Surya Kancana.
“ Uwa, kaula bade naros, naon kawajiban manusa di dunya ?”
“ Tugas utamana manusa di dunya ibadah, nyuhunkeun karidoan gusti Alloh pangeran kaula, naon laku lampah jelema sagalana diniatan ku lillahitaala, ku ihlas teu aya pamrih nanaon, sanajan jasa manehna gede ka nagara jeung bangsana, kawajiban manusa di dunya pikeun ngumpulkeun amal ibadah, pikeun engke jaga di yaumil ahir, “ kitu jawaban Prabu Surya Kancana.
“ Kumaha upami kaula jadi raja, nagara rek di bawa sarua jeung pamadegan kaula,”
“ Nagara mah rek dicandak ku pamadegan saha bae oge mangga teh teuing, tapi sing emut, perbedaan sanes jalan mumusuhan, sabab dina pamadegan kaula, teu aya pikeun jalma kudu nurut kakaula, sadayana kudu balik deui kadirina sewang-sewangan, ayeuna lamun pamadegan kaula beda sareng pamadegan salira, kaula teu menang aya di pajajaran, kaula rek miang bilih kaula mumusuhan jeung salira kusabab beda pamadegan, sabab bisi mamawa kanagara nu nyieun nagara teu santosa, teu aman ku akibat beda paham, kaula leuwih milih mangkat leuwih milih ngelehan, sabab kaula ngajaga bisi aya hal-hal anu teu diharepkeun, da kawajiban kaula salaku warga nagara ngajaga nagarana.”
“ Kumaha carana pamadegan salira ka sasama, etika nu aya dina pamadegan salira kasasama “
“ Silih tulungan, silih asuh, silih asah, silih asih, nulungan kasasama anu ngabutuhkeun pitulung, nyaah ka sasama sanajan beda pamadegan, sabab anjeuna oge sami-sami jalmi ciptaan gusti Alloh, anu ngalaksanakeun hak jeung kawajibanana saperti pamadegannana, da etamah hubungan antara nu nyiptakeun sareng nu diciptakeun, mangga bae hidep nyepeng pamadegan hidep, kaula oge nyepeng pamadegan kaula, sabab intinamah sarua ngabimbing kanu lampah anu enya, sarua nitah bener da soal ibdahmah masing-masing balik deui ka jalmana.”
Raden Walangi nangis ngadangu sasauran uwana, teras ngagabrug ka uwana, “ hampura uwa kalakuan kaula bieu, sanes rek ngajak mumusuhan ka uwa kusabab beda pamadegan, tapi kaula hayang uninga bilih dina mangsa kaula jadi raja, aya pihak-pihak anu dirugikeun ku kaula ku sabab beda pamadegan, kaula embung mimpin nagara sagalana kudu kumaha kaula, kaula oge kudu ngarti adat, etika kana pamadegan jalmi-jalmi nu benten sareng kaula sapertos uwa, ku kaula ditarik benang gedena intinamah teu aya perbedaaan, hayu uwa kaula siap pikeun narima tahta karajaan, mung sing emut kana ucapan kaula harita, sakumaha jayana Pajajaran entong ngagung-ngagung kaula, sabab sadayana tos kersaning Hyang Widi, “
“Iraha mangsana ?, naha ayeuna keneh hidep siap pikeun narima tahta karajaan Pajajaran ?”
“Sanes ayeuna mangsana, tapi kaula hayang dongkap deui ka karaton Pajajaran sanes di candak ku uwa, mangga weh terserah uwa bade kumaha carana pikeun kaula dongkap deui ka karaton Pajajaran, mangga weh gempungan sareng nu aya di karaton Pajajaran, “ ahirna Prabu Surya Kancana mulih deui ka karaton Pajajaran.

GEMPUNGAN PRABU SURYA KANCANA SARENG PINISEPUH PAJAJARAN
Dikaraton Pajajaran Prabu Surya Kancana wawartos ka pini sepuh, senopati, sareng pajabat karajaan yen geus aya jalma nu bakal mawa Pajajaran jaya deui, jauh tina bancang pakewuh, jauh tina pambarontakan, tapi dirina alim dongkap kakaraton di candak ku anjeuna, maksad anjeuna ngempelkeun sadayana ayeuna, bade nyawalakeun kumaha carana eta jalma dongkap ka Pajajaran, sadaya nuaya didinya reuwas ngadangu sasauran Prabu Surya Kancana sareng dina hatena tumanya saha jalmana, timana asalna, naha tikulawarga karaton atanapi timana asalna. Senopati Lingga Jaya ngusulkeun ka Prabu Surya Kancana pikeun nyandak eta jalma ku cara dipaksa, di iming-iming ku harta, tahta, sareng bade nyumponan sagala kahayangna.
Ngadangu kitu Prabu Surya Kancana gumujeng, lajeng nyarita, “ upama kitumah anjeuna ngadeg jadi raja teh sabab dipaksa, sanes kahoyong gereteg hatena, bari jeung bade di iming-iming harta, kaula yakin anjeuna pasti alimeun, sabab anjeuna sanes jalma anu ngudag-ngudag harta jeung tahta, kunu sanes, ku jalmi-jalmi nu ngudag tahta sareng tahta mah pasti bakal di tarima, iraha rek ngurus nagara lamun anu di udag-udagna ngan saukur tahta, pasti ngahalalkeun sagala cara, sabab dina pamikiranana nu penting mah aing kawasa, ieu upami dipaksa ngurus nagarana oge sakadaek, sabab saenyana dirina embung pikeun jadi raja.
“ Teras kedah kumaha atuh supaya jalmi eta dongkap ? “ taros Senopati Lingga Jati deui,
“ Kaula oge teu acan gaduh cara kumaha carana pikeun nyandak eta jalmi. “ nusanesna ngahuleng ngaraga meneng, milarian cara kedah kumaha,
“Mangga nu sanes bilih gaduh cara ? “ saur Prabu Surya Kancana, Senopati Buana Reksa ngagaduhan usul, pikeun ngayakeun bae saembara, mung ku dirina teu kapikir naon anu bade di saembarakeunana, ahirna Prabu Surya Kancana naroskeun ka Begawan Wastu Kancana kedah kumaha carana.
“ Naon anu bade di saembarakeunnana kanjeng rama, pasti kanjeng rama gaduh rencana, da kanjeng rama mah kantos mimpin Pajajaran, uninga ka Pajajaran nu saenyana.”
Begawan Wastu Kancana gumujeng bari jeung reumbay cisoca anjeuna nyarita ”saembarakeun bae ata kujang Pajajaran, nyaeta kujang Raga Kusumah, sing saha jalma anu tiasa ngangkat eta kujang Pajajaran sareng ngarti kanu arti raga kusumah, timana bae asalna ti rahayat atawa pajabat nagara, tah eta anu bisa mawa Pajajaran jaya deui,” ahirna ku sadayana disatujuan pikeun nyaembarakeun kujang Pajajaran.

RESTU PANDITA ARYA DARMA GANDI KA PUTRANA RADEN WALANGI
“ Walangi, aya tilu hal anu kudu dipikaharti ku hidep anu bakal mawa diri hidep salaku jalma biasa sareng mawa nagara, regepkeun, nu kahiji nyeta Ngabaur, ngahiji, ngarakyat,”
“Naon hartosna kanjeng rama “ Raden Walangi nempas,
“Ngabaur keur diri hidep kudu bisa asup kasadaya golongan, kudu tiasa napak sancang, sing bisa siga cai, anu tiasa asup kana wadah naon wae oge, ngahiji nyeta ngahijikeun antara hate, pikiran jeung ucapan lakonan ku lalampahan, ngarakyat hartina tong mandang jalma tinu tahta atanapi rakyat biasa, saenyana sadayana manusa teu aya anu ngabedakeun dipayuneun Hyang Widi. Anu kadua nyaeta Ngabuka, ngaluarkeun ngasupkeun, bukakeun hate jeung pikiran hidep, tong dihalangan ku hawa nafsu dunya, kaluarkeun jati diri hidep anu saenya-enyana, jati diri manusa nu sajati, asupkeun sagala pangarti kanu hate jeung pikiran, tapi sing inget dina ngasupkeunana tong dibarengan ku hawa nafsu dunya, sabab lamun pangarti diasupkeun dibarengan ku hawa napsu dunya, dina mangsa hidep ngaluarkeunana dibarengan kurasa uzub, jeung takabur, asa aing pang pinterna, asa aing pang bisana, nganggap leutik kanu sanes, sabab diluhureun anu bisa aya anu leuwih bisa, diluhureun anu ngarti aya anu leuwih ngarti, tinu gede, aya anu leuwih gede, ahirna kasombongan anu bakal jadi jati diri hidep, anu katiluna, Ngajaga, Dijaga, Siaga. Hidep kudu bisa ngajaga pamadegan anu jadi dasar lampahna manusa, kudu tiasa dijaga ucapan, lalampahan, sabab ucapan jeung lalampahan katembong ku jalmi sanes, saenyanamah kedah diawalan dinu hate, ku kabersihan hate sabab mimiti kaluarna ucapan teh tina hate tapi etamah teu katembong ku jalmi sanes, tapi nu saestuna hate, pikir jeung ucap, sadayana kedah sami. Lajeng hidep kudu bisa siaga sabab godaan pikeun manusa anu bakal mawa jalma sangsara lamun teu tiasa nahan godaaan, kudu tiasa kapikir sabab sareng akibat dina mangsa hidep bade ngarencanakeun naon oge, atanapi bade ngalakukeun naon oge, ngajaga diri sorangan, ngajaga batur, ngajaga hate sorangan, ngajaga hate batur, sabab hirup urang di dunya teu sorangan, jadikeun eta kitab weda dadasar anu tilu eta.”
Raden Walangi ngahelas ngadangu ucapan ramana dugi ka rambay cisocana, sareng nyarios karamana, “ naon namina anu tilu eta teh kanjeng rama?” Sanes nanaon etamah, saukur pamikiran kaula anu ku kaula disebut Trisaka, anu hartosna tilu pusaka pikeun manusa, simpen eta trisaka dina hate anu pang jerona.”
“ Upami pikeun nagara kumaha hartosna kanjeng rama, sabab saur kanjeng rama trisaka eta tiasa oge nyandak nagara raharja…?”
“ Sok wae lah pikiran ku hidep, da hidep nu baris ngalakonkeun, mudah mudahan hyang widi ngaridoan hidep, sing tiasa ngarti kanu harti trisaka pikeun nagara, jig… geus waktuna hidep lalampahan, geus waktuna hidep nulung kasasama, hidep bakti kanagara, jadikeun dina ngurus nagara niatan ku ibadah, jadikeun amal pikeun nyorang ka sawarga, restu kanjeng rama aya di sagigireun hidep”.
Raden Walangi nangis, batin jeung pikirna nangis, nangis nu saenyana…

SAEMBARA KUJANG PAJAJARAN
Raden Walangi pamit ka ramana pikeun lumampah bade angkat ka Pajajaran “ kanjeng rama, kaula bade pamit bade lumampah pikeun ibadah, pikeun amal kaula bekel ka sawarga “.
“ Jig nindak, tapi tong ngalieuk katukang, nu tukang mah jadikeun eunteung pikeun hidep diajar, jang kahareupna, sabab waktu moal mungkin balik deui katukang,” ahirna, Raden Walangi lumampah ngajugjug ka Pajajaran bari dibarengan ku tekad bade bakti kanagara anu diniatan ku ibadah.
Di alun alun Pajajaran nyaeta alun-alun Pasundan, dinten eta saembara kujang Pajajaran dilaksanakeun, kusaha bae anu bade ngiringan, ti rahayat biasa dugi ka para pajabat karajaan kenging ngiringan saembara, eta saembara kujang Pajajaran, sadayana masyarakat Pajajaran kumpul dialun-alun pasundan pikeun nyaksian saha jalmi anu tiasa nyandak Pajajaran jaya anu saestu,
Prabu Surya Kancana anu ditugaskeun ngabuka saembara kujang Pajajaran, anjeuna nyarita kasadaya anu aya di alun-alun pasundan, “ kasadaya baraya sanagara, dinten ieu ku kaula dibuka saembara kujang Pajajaran sing saha jalma anu tiasa ngangkat ieu kujang nu tos dicecebkeun di tengah alun-alun Pajajaran, sareng anu tos tiasa ngabuka arti sabenerna kujang, sing saha wae jalmana boh ti rahayat boh tikaraton eta jalma anu bakal narima tahta karajaan Pajajaran “
Saatos saembara dibuka ku Prabu Surya Kancana, Raden Panca Buana, raden Widayana, Raden Lingga Jaya, ti karaton Pajajaran , Wisnu Jaya, Arya Santana, Kalingga Suta, Darma Jaya, Raja Baka, eta ti pihak ksatria, sareng pandita, sadayana hayang kuhayang pikeun ngiringan saembara, ahirna saparantos dipasihan kasempetan pikeun nyoba, pikeun nyabut kujang Pajajaran, ku sadayana teu tiasa kaangkat eta kujang Pajajaran, mung hiji nu tiasa ngangkat, nyeta Raden Panca Buana, tapi dirina teu tiasa ngabuka arti kujang Pajajaran, ahirna sadayana teu aya nu tiasa ngangkat sareng ngabuka arti kujang Pajajaran.
Saparantos kitu Prabu Surya Kancana nyarita deui, geuningan teu aya jalmi teh nu narima tahta karajaan, bilih aya nu sanesna bade nyoba-nyoba mangga wae, saha wae, timana wae asalna, rek pangkat naon-naon wae gaduh hak pikeun ngiringan saembara,” sanaos Prabu Surya Kancana tos nyarios kitu rahayat teu aya deui nu wantun pikeun ngiringan saembara, ahirna aya jalmi anu bade ngiringan saembara, katingalna jalma biasa dongkap kapayuneun Prabu Surya Kancana sabari nyarita : “ naha kaula kenging ngiringan ieu saembara,”
“Mangga bae da ieu saembara kanggo saha bae” Prabu Surya Kancana ngajawab bari jeung dina hatena bagja bari jeung sugema, da dirina mah tos uninga saha ieu jalmi teh anu sabenerna, tapi dirina teu wani pikeun ngumumkeun kasadayana nu aya di alun-alun Pasunda, yen ieu jalmi teh saenyana putrana putra mahkota Pajajaran nyaeta Raden Walangi.
“ Naha hidep bakal sanggup pikeun nyabut sareng ngabuka arti kujang Pajajaran anu saenyana, “
“ Mudah mudahan Hyang Widi ngersakeun ka kaula pikeun tiasa nyabut , ngangkat sareng ngabuka arti kujang Pajajaran nu saenyana. “
Ahirna eta kujang di tengah alun-alun pasundan di cabut sareng diangkat ku Raden Walangi, sadayana kaget, geningan kujang Pajajaran tiasa kaangkat ku jalmi biasa, jalmi anu teu apal timana asalna, sabab pamikiran sadayana nu aya di alun-alun pasundan, yen jalmana teh aya di pihak karaton asalna, tapi geningan sanes tikaraton, anu katingali ku masyarakat Raden Walangi teh jalmi biasa, jalmi bodo, anu teu mungkin tiasa mawa Pajajaran jaya.
Raden Walangi ngabantun eta kujang kapayuneun Prabu Surya Kancana sareng Begawan Wastu Kancana bari ucapna, : “ kaula tos tiasa ngangkat ieu kujang Pajajaran, teras naon deui nu kudu dilakukeun ku kaula ayeuna, “ saur Raden Walangi.
Saha ari ngaran hidep, saur Begawan Wastu Kancana,
“ Ngaran Kaula Arya Darma Gandi “ jawab Raden Walangi, Prabu Surya Kancana reumbay cisoca teu kuat nahan rasa kabungah sareng rasa kasedih, anu hak narima tahta karajaan Pajajaran, kudu ngaliwatan cara model kieu pikeun narima tahta Pajajaran, padahal dirina gaduh hak pikeun jadi raja Pajajaran, bari jeung dongkapna kadieu teu ngangge nami dirina, malah ngangge nami ramana.
“ Sok terangkeun arti kujang Pajajaran dipayuneun sadayana anu aya di alun-alun pasundan ieu !” ahirna Raden Walangi ngabuka arti kujang pajajaran anu saestu.
“ Namina raga kusumah anu ngandung harti raga teh awak, kusumah teh bersih jadi anging jalma anu beresih hatena anu tiasa mawa pajajaran jaya, mawa Pajajaran raharja, bari ngarti kanu harti kabersihan hate, pikir ucap jeung lampah sadayana kudu saenyana, sabab loba jalma anu ngaku beresih tapi lampahna jauh jeung kabersihan, hatena pinuh ku hawa nafsu dunya, Ieu kujang ngabentuk kembang anu lancip tungtungna sareng lancip deui kajero, kembang ngandung harti pamingpin kedah tiasa nyengitan karakyatna tapi lain saukur ku pamingpin nyeungitan karakyatna tapi rakyat oge kedah tiasa nyeungitan ka pamingpina ngarojong pamaksudan pamingpin, kitu oge lamun pamingpina henteu kaluar tina kawajibanana salaku pamingpin, lancip ujung jeung jerona ieu kujang ngandung harti pamingpin kedah lancip pikir jeung hatena dina ngalakukeun lalampahan atawa tindakan, emut kana sebab sareng akibatna, sabab hate jeung pikiran anu beresih anu bakal nyieun jalma bener lalampahanana, ieu tilu liang tinu kujang ngandung harti hate pikir jeung ucap manusa, ngandung harti lahir hirup jeung maot manusa sabab saenyana manusamah ngan saukur dilahirkeun, hirup ngalalampahan nyieun amal ibadah dina kahirupanana, tapi dina kahirupanana saenyana Hyang Widi anu ngatur sadayana, manusamah ngan saukur ngagunakeun akal jeung pikiran bari jeung usaha pikeun nuju kana pamaksadanana, ditungtungan ku ngarana maot.”
Begawan Wastu Kancana ngagabrug ka Raden Walangi reumbay cisocana, nangis dipayuneun sadayana nuaya di alun-alun pasundan, sadayana nuaya di alun-alun pasundan gerentes hatena nangis, geuningan masih keneh aya jalma anu tiasa, anu ngarti kana harti wangi anu sajati, anu ngarti silih seungitan antara pamingpin sareng rahayatna, kitu deui rahayat sareng pamingpina sadayana rahayat nu aya dialun-alun Pasundan ngaluarkeun sora-sora, ngaluarkeun ucapan-ucapan masihan nami ka Raden Walangi ku sebatan Siliwangi anu ngandung harti silih seungitan, sadayana anu aya di alun-alun pasundan nyebat-nyebat siliwangi ka Raden Walangi.
Begawan Wastu Kancana nyarios ka Raden Walangi “ Arya Darma Gandi, sok pake ku hidep ngaran siliwangi pikeun mimpin ieu karajaan Pajajaran, ti ayeuna ku kaula sareng hamba rahayat sadayana hidep dipasihan nami Siliwangi.”
Prabu Surya Kancana ngagabrug ka Siliwangi atanapi Raden Walangi di payuneun Begawan Wastu Kancana bari cumarios ka Begawan Wastu Kancana yen saenyana ieu teh Raden Walangi putrana Raden Wastu dana Citra, anu tegesna ieu teh incuna Begawan Wastu Kancana, ngadangu kitu Begawan Wastu Kancana kaget anu teu disangka-sangka moal balik deui ka Pajajaran ayeuna datang deui ka Pajajaran, Raden Walangi nangis tos lami nembe patepang deui sareng akina Begawan Wastu Kancana, ahirna ku Begawan Wastu Kancana di uningakeun kasadayana nu aya di alun-alun pasundan, saenyana ieu teh putrana putra mahkota Pajajaran anu tos lami miang ti karaton Pajajaran, nyaeta putrana Raden Wastu Dana Citra, sadayana teu sangka, sadayana teu percaya kunaon raden walangi kedah ngiringan ieu saembara padahal Prabu Surya Kancana tos uninga yen Raden Walangi gaduh hak pikeun narima tahta Pajajaran, didieu mulai kabuka hate jeung pikiran hamba rahayat sadayana, yen rahayat biasa oge lamun enya dirina tiasa jadi raja jeung ngarti kanu harti pamingpin anu saenyana, teu aya salahna sanajan rakyat biasa komo ieu ngarti anu saenyana, eukeurmah-eukeur dirina nu gaduh hak tahta karajaan tapi cara ngadegna sami sareng peraturan hukum saembara kujang Pajajaran.





















PUNCAK JAYA PAJAJARAN

RADEN WALANGI DIISTRENAN JANTEN RAJA PAJAJARAN SARENG GENTOS NAMI JANTEN PRABU SILIWANGI
Saparantos Raden Walangi disahkeun anu kenging saembara, kujang Pajajaran, Raden Walangi teras di candak kakaraton Pajajaran, teras dirina di istrenan ku Begawan Wastu Kancana sareng sah pikeun nganggem ngaran Prabu Siliwangi.
“ Siliwangi, ayeuna mangsana, ti ayeuna mimitina hidep mingpin karajaan Pajajaran,” kitu sasauran Begawan Wastu Kancana.
“ Kaula narima pikeun jadi raja Pajajaran, nyuhunkeun restu ti sadayana, ti sadaya pinisepuh nu aya dikaraton Pajajaran, kaula jangji ka diri kaula, pangniatan kaula saenyana sanes hoyong janten raja, tapi kaula hayang mawa nagara ka puncak jaya anu didadasaran pikeun ibadah, ngamalkeun kahadean, kajujuran, kabersihan hate, ucap jeung lampah pikeun muka jalan ka sawarga, mudah mudahan hyang widi ngaridoan ka pamaksadan kaula saenyana, kaula nyuhunkeun kasadayana upami Pajajaran dugi ka puncak jayana anu dicita-citakeun ku sadayana, subur ma’mur gemah ripah loh jinawi, jadi nagara anu pinuh ku wibawa, karta jeung raharja, tong nepi ka ngagung – ngagung kaula, sabab saenyana nagara dugi ka puncak jaya sanes saukur ku kaula tapi ku sadayana, timimiti rahayat dugi ka pupuhu nagara, ieu sadayana para pajabat nu aya di karaton sing inget nu saenyana, yen pajabat nagara teh lain jalma nu kudu di sembah-sembah, nu kudu diagung-agung ku hamba rahayat sakabeh, tapi sabalikna para pajabat teh kudu nyembah ka rahayatna, ngagugu kahayang rahayatna, nyaangan ka rahayatna, muka jalan pikeun rahayatna raharja, sajahtra salalamina, sabab moal aya pamingpin lamun teu aya rahayatna, moal aya nagara lamun teu aya rahayatna, tapi upami mung saukur aya rahayatna pasti bakal aya pamingpina, conto kaula jadi raja kaula moal bisa ngayakeun rahayat, tapi rahayat tangtu bisa ngadegkeun rajana.
Sadayana ngahuleng ngaraga meneng ngadangu sasauran Prabu Siliwangi, nyeceb ucapna kana dada sadayana anu aya didinya, teras Begawan Wastu Kancana nyarios, “tah ayeunamah atur ieu karajaan Pajajaran ku hidep, mangga bae terserah hidep.”
“Nya tiayeuna ku kaula di putuskeun ngangkat pun uwa Surya kancana janten patih karajaan, “uwa.. hayu urang babarengan pikeun ngurus Pajajaran, pikeun nuju karajaan Pajajaran puncak jaya, mudah-mudahan hyang widi ngaridoan sanajan kaula sareng uwa beda pamadegan, hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantai-antai panangan pikeun gawe nu rancage pikeun ngabdi karajaan Pajajaran karahayat, kabangsa jeung ka nagara”. Sareng Prabu Siliwangi masihan gelar ka Surya Kancana, Raga Mulya Surya Kancana sabab nu ditingal ku Prabu Siliwangi di diri uwana ku kagagahan, kukabersihan hate jeung pikirna, ku kasaktianana, ku kamulyaan hate jeung pikirna anu jadi pribadi keur dirina, timimiti harita Prabu Siliwangi sareng sadayana pajabat karajaan ngamimitian ngurus karajaan Pajajaran.

PRABU SILIWANGI NIKAH KA DEWI KUMALA ATANAPI SUBANG LARANG
Dina mangasa Prabu Siliwangi muru uncal dileuweung antara Pajajaran eujeung karajaan Sumedang Larang, nyaeta karajaan anu di pimpin ku Prabu Jaya Wangsa, anjeuna ngadangu di karajaan Sumedang Larang ngayakeun saembara pikeun milarian jodo kangge Dewi Kumala putrina Prabu Jaya Wangsa, ahirna Prabu Siliwangi teras ngajugjug maksad bade ngiringan saembara, sabab dina pamikiranana mudah-mudahan karajaan Sumedang Larang tiasa pikeun nguatkeun tali silaturahmi antawis karajaan Pajajaran jeung karajaan anu sanesna. Teras Prabu Siliwangi ngiringan saembara , gancang carita ahirna Prabu Siliwangi nu kenging eta saembara, teras anjeuna dicandak sareng ditepangkeun ka Dewi Kumala ku Prabu Jaya Wangsa, bari sasauran ka putrina, “nyimas putri, nyimas tos kenging jalmina, tah ieu jalmina anu kenging saembara teh, namina munding wangi”.
“ Assalamualaikum,…” saur Dewi Kumala, Prabu Siliwangi mung saukur imut dina pameunteuna, teu tiasa ngajawab ka ucapan salam Dewi Kumala ku kata-kata.
“ Saha ari salira teh….” Timana asalna..” saur Dewi Kumala
“ Kaula Munding Wangi, kaula teu puguh padumukanana, hirup saukur ku ngalalana, nepi ka kaula nepi kadieu, teras ngiringan saembera ieu “
“ Kunaon salam abdi teu di jawab, ku ngan saukur ku imut salira”
“ Kaula teu uninga ku salam samodel kitu”
“ Upami kitumah, salira benten pamadegan sareng kaula, benten kayakinan, naha bakal sauyunan dina ngajalankeun rumah tangga pikeun hirup babarengan sareng kaula, ngandung harti nikah sareng kaula”
“Da saenyana sanajan beda pamadegan, urang gaduh niat pikeun hirup sauyunan, pikeun ngahiji pasti tiasa wae, tapi urang kedah tiasa ngarti kana pamadegan masing-masing, tapi upami ceuk pamadegan salira teu kenging ngahiji sareng jalmi anu benten pamadegannana, wios keun bae teu ngahiji age sanajan kaula kenging eta saembara, sok..! yakin kana pamadegan salira upami enya mah dilarang ceuk pamadegan salira, keun bae teu janten nikah oge sabab kaula teu tiasa maksa, da salira oge gaduh pamadegan sorangan”.
Ngadangu ucapan Prabu Siliwangi Dewi Kumala teu tiasa nyarios naon-naon, masrahkeun sagala rupa ka ramana nyaeta Prabu Jaya Wangsa, “ nyimas Putri, hampura kanjeng rama teu tiasa mutuskeun kedah kumaha carana, naha salira gaduh rasa kacinta ka ieu munding wangi, kitu deui sabalikna naha munding wangi gaduh rasa kacinta ka dewi kumala “
“ Saenyana kaula kudu turut ka pamadegan kaula, hoyong mah gaduh caroge teh ka jalmi anu sapamadegan, tapi kaula ge kudu turut ka peraturan nagara, da ceuk pamadegan kaula oge diwajibkeun pikeun turut ka paraturan nagara, saenyana saembara oge tos kaasup paraturan nagara, nya mangga wae teu langkung ka salira munding wangi, naha salira narima gaduh istri anu pamadeganana benten sareng pamadegan salira “ saur Dewi Kumala.
“Nya kaula narima, tapi urang kedah emut pikeun ngajaga ka pamadegan masing-masing, saling silih hargaan, silih asuh da saenyanamah soal pamadegan keur diri masing-masing manusa”
Ahirna Prabu Siliwangi ditikahkeun sareng Dewi Kumala ku Prabu Jaya Wangsa, saparantos ditikahkeun Prabu Siliwangi ngabukakeun anu saenyana ka Prabu Jaya Wangsa saenyana dirina nyaeta Prabu Siliwangi, raja Pajajaran. Saterasna Dewi Kumala janten permaisuri Prabu Siliwangi, teras Prabu Siliwangi mulang deui ka Pajajaran disarengan ku Dewi Kumala atanapi Subang Larang.



PRABU SILIWANGI NGAGAGALKEUN PAMBARONTAKAN NU NYIEUN NAGARA DI JERO WEWENGKON PAJAJARAN
Waktu Pajajaran dipimpin ku Prabu Siliwangi, saeutik-saeutik pajajaran nuju ka puncak jayana, rahayat sugema dipimpin ku raja anu bijaksana, anu ngarti kanu wangi anu sajati, sanajan Pajajaran jaya, aya oge anu resep tapi oge anu ngewa, anu iri, dugi ka timbul hayang nyaingan Pajajaran, hayang ngarusak Pajajaran nepikeun rek ngadegkeun nagara di wewengkon Karajaan Pajajaran, nyaeta anu dipupuhu ku adipati Kalingga nu jenenganana Adipati Suraman, manehna hayang ngadegkeun karaton di belah wetan Karajaan Pajajaran nu masih keneh wewengkon wilayah Karajaan Pajajaran. Manehna ngahasut ka rahayat nu aya didinya pikeun ngarojong pamaksadanana, sareng ngahasut ka urang-urang Pajajaran nu di belah wetan sasaurana “ tingali kumaneh, nu dipajukeun jeung dijayakeun ngan saukur di karaton hungkul, jeung disabudeureunana, geningan didieu mah diculkeun diantepkeun, padahal ieu teh masih keneh wewengkon Pajajaran anu kudu dipajukeun ku maranehanana, lain saukur dipuseur dayeuh Pajajaran, upami kitumah kumaha urang ngadegkeun karajaan di ieu tempat, urang pajukeun ieu tempat sabab percuma urang ngahiji jeung manehna oge, kumaranehna ieu tempat mang sabodo teuing teu diurus”. Kitu sasauran adipati kalingga tapi rahayat aya nu kagagas pikeun ngarojong pamaksadan adipati kalingga, aya oge anu tetep satia ka Pajajaran nyaeta jalma –jalma anu ngarti kanu wangi nu sajati anu kudu nyeungitan antara rahayat jeung pamingpina.
Ahirna kabar nu kitu dugi ka Prabu Siliwangi, dijero karaton Pajajaran Prabu Siliwangi nyarita ka para senopati sareng sadayana nu aya didinya anjeuna ngabahas soal eta “ uwa patih, kumaha carana pikeun nyanghareupan hal nu jiga kieu, oge ka para pinisepuh sadayana, kedah kumaha carana nyanghareupanana. “ kaula percaya ka nak Prabu, mangga bae terserah didinya kedah kumaha nyanghareupanana, uwa patih mah ngan saukur ngajalankeun tugas naon nu kudu dijalankeun jeung dilaksanakeun ku kaula” saur patih Surya Kancana.
“Nya ayeunamah ondang wae sadaya adipati nu aya di wewengkon Pajajaran”, saatos nampi parentah kitu, mahapatih Surya Kancana sareng nu sanesna anu dipasihan tugas ku Prabu Siliwangi pikeun ngondang ka para adipati nu aya di wewengkon Pajajaran pikeun dongkap ka puseur dayeuh Pajajaran, suparantos nampi parentah kitu sadayana miang naglaksanakeun parentah Prabu Siliwangi.
Saparantos nampi ondangan ti Prabu Siliwangi, para adipati sadayana dongkap ka karaton Pajajaran, dipayuneun sadaya adipati Prabu Siliwangi “ wilujeng sumping sadayana adipati di karaton Pajajaran kaula ngadangu kabar, yen aya hiji wewengkon Pajajaran anu bade ngadegkeun karajaan di wewengkon Pajajaran, alasana ngarasa diculkeun ku kaula, teu diurus ku kaula, ngarasa teu diperhatikeun ku kaula, manehna hayang ngadegkeun karajaan sorangan didinya dari pada ngahiji ejeung Pajajaran, hampura lain kaula teu merhatikeun eta wewengkon, tapi kaula oge nembe ngadeg jadi raja, anyar keneh kaula teh jadi raja, kaula oge gaduh rencana, rencana kaula hayang sadayana jaya timimiti puseur dayeuh dugi kasadayana wewengkon age jaya, sejahtra, sugema kasadayana.”
Ahirna ku para adipati kauninga sareng emut deui pikirna, meureun enya can mangsana mereun, ngamimitian mah ngamajukeun heula puseur dayeuh, saeutik-saeutik sadayana bakal dibina jeung diwangun sadayana wewengkon Pajajaran, saparantos sadayana macangkrama di karaton Pajajaran, sadaya adipati marulih deui ka wewengkon masing-masing.
Sanajan sasauran Prabu Siliwangi nu jiga kitu kauninga ku sadayana adipati, tapi kusabab adipati Kalingga mah disateuacana tos gaduh niat pikeun ngacaukeun Pajajaran, kusabab anjeuna gagal dina ngiringan saembara kujang Pajajaran, anjeuna teras-terasan ngahasut ka hamba rahayat nu aya di wewengkona pikeun ngadegkeun karajaan sorangan, anu misah ti Pajajaran, anjeuna teras nyusun kakuatan, nyuhunkeun bantuan timana wae, pikeun ngawangun karajaan sorangan, sanaos kitu rahayat mah emut kanu arti wangi nu sajati nyaeta silih seungitan antara rahayat sareng pamingpina, aya rencana naon wae oge kabarna dugi ka Prabu Siliwangi.
Di karaton Pajajaran, Prabu Siliwangi nampi kabar yen , adipati kalingga teh keukeuh peuteukeuh hayang ngadegkeun karajaan di wewengkon Pajajaran, ahirna anjeuna nugaskeun senopati Buana Reksa miang ka Kalingga, maksad pikeun ngalawan pambarontakan nu aya diditu, sareng nyandak adipati Kalingga kapayuneun Prabu Siliwangi, nya ahirna senopati Buana Reksa disarengan ku para prajurit Pajajaran miang pikeun ngajalankeun tugas ti Prabu Siliwangi.
Saparantos senopati Buana Reksa dongkap deui ka karaton Pajajaran bari nyandak adipati Kalingga, adipati kalingga dicandak kapayuneun Prabu Siliwangi di hiji tempat Tirta Wening, nyaeta nami bangunan nu aya di karaton Pajajaran, Prabu Siliwangi naros ka adipati Kalingga, : “ naon pamaksadan salira nu saenyana hayang ngadegkeun karajaan di wewengkon Pajajaran, kaula ngadangu kabar mah sabab kaula teu merhatikeun ka wewengkon anu di pimpin ku salira.”
“ Muhun gusti prabu, kaula ngarasa teu di perhatikeun, abong keneh wewengkon eta ayana di pasisian meuni teu ditingali ku salira gusti prabu “
“ Sateuacana oge ku kaula parantos dicaritakeun nuju kaula ngodang sadaya adipati nu aya di wewengkon Pajajaran, kaula nata nagara teh hiji-hiji, saeutik-saeutik, meureun kanu disisimah can mangsana pikeun kaula ngamajukeunana, sanes teu diperhatikeun tapi can mangsana dugi kadinya, hampura lamun pamaksadan kaula teu sajalan sareng pamaksadan salira, ayeuna didinya nu saenyana gaduh maksad nu model kumaha ? “
“Gusti Prabu kaula hayang nu sisi oge jaya, raharja, sugema, sapertos kaayaan puseur dayeuh Pajajaran”
“ Kaula oge hayang siga kitu sadayana, sugema, sugih mukti jeung sajahtra, tapi nu kaemut kaula mah pamikiran salira hayang sadayana jaya, tapi salira gaduh pamikiran hayang ngadegkeun karajaan sorangan, kapan sadayana warga nagara diwajibkeun ngajaga, dijaga, siaga, nyeta ngajaga hubungan antara rahayat sareng rajana, adipati sareng rajana, intinamah sadayana kedah silih asah, silih asuh, silih asih, sareng sadayana warga nagara diwajibkeun ngajaga kautuhan pikeun ngajaga kautuhan nagarana, ngarah teu aya nu leungit sanajan sajeungkal oge tanahna, ayeuna emut ku salira lamun didinya ngadegkeun karajaan sorangan misah ti Pajajaran, kaula sieun wewengkon-wewengkon Pajajaran nu sanesna miluan pikeun misah ti Pajajaran, anu ahirna Pajajaran teh jadi nagara leutik, sareng gaduh ngaran goreng ka kaula teu tiasa ngajaga wilayahna, lamun salira keukeuh hayang ngadegkeun karajaan di wewengkon Pajajaran, mangga salira jadi raja Pajajaran, sabab ku kajadian nu jiga kieu geningan kaula teu tiasa nyugemakeun kasadayana, mangga pimpin ku salira ieu karajaan Pajajaran, ku kaula dibikeun ieu tahta Pajajaran dari pada kaula kaleungitan wilayah Pajajaran sabab kaula ngarumasakeun teu tiasa ngajaga kadaulatanana, daripada salira mingpin karajaan anyarmah, mending mingpin karajaan nu tos aya, anu keur nuju ka puncak jaya.”
Adipati Kalingga kaget ngadangu sasauran Prabu Siliwangi, “ampun gusti Prabu, kaula teu sanggup pikeun mimpin Pajajaran “
“Kunaon salira teu sanggup pikeun mimpin Pajajaran?”
“Sabab kaula teu tiasa pikeun bijaksana sapertos gusti prabu, kaula ngarasa hina salaku warga karajaan Pajajaran teu tiasa ngajaga kadaulatan “
“Mangga wae pimpin ieu Pajajaran ku salira, kaula sieun sanajan salira ayeuna tos sadar, parantos uninga kanu arti kadaulatan anu saenyana tapi namina oge manusa anu dilingkung ku nafsu, bisi hiji mangsa salira gaduh pamaksadan pikeun misah deui ti Pajajaran.”
Adipati Kalingga ngahuleng ngaragameneng, dirina teu wasa mayunan hiji raja anu bijaksana sapertos Prabu Siliwangi, sabab tiawal pamaksadannana nu saenyana bade ngaruntuhkeun Pajajaran, ahirna dipayuneun Prabu Siliwangi adipati Kalingga ngabukakeun pamaksadannana anu saenyana pikeun ngaruntuhkeun Pajajaran, sadayana senopati anu aya didinya kaget ngadangu sasauran adipati Kalingga, nya ahirna kusabab kalakuanana anu jiga kitu saparantos gempungan sadayana anu aya didinya, Prabu Siliwangi mutuskeun pikeun ngahukum adipati Kalingga ku hukuman rogahala, sabab upami teu dirogahala bilih pambarontakan di Karajaan Pajajaran sawaktu-waktu datang deui.

PUTRA KA HIJI PRABU SILIWANGI SARENG SUBANG LARANG
Buah kanyaah, kawelas asih Prabu Siliwangi sareng Dewi Kumala atanapi subang Larang tea dugi ka Dewi Kumala kakandungan, hiji mangsa ditempat lelesona Prabu Siliwangi Dewi Kumala nyarios ka Prabu Siliwangi.
“ Kang mas prabu, tadi wengi kaula ngimpen jabang bayi anu di kandung ku kaula medal kaalam dunya dibarengan ku seungit anu nyababkeun sadayana milarian sumber asalna eta kaseungit, anu saenyana asalna tina jabang bayi anu ku kaula dilahirkeun, sareng deui aya bentang anu lebet ka jabang bayi anu ngakibatkeun si jabang bayi cahayaan, anu mere caang kanu aya di sagigireunana, tah kitu kang mas prabu impenan kaula teh.”
“Nyimas putri lahirna dibarengan ku seungit, kuwawangi, mudah-mudahan si jabang bayi jadi jalmi anu ngarti kanu harti seungit jeung wangi anu sajati, sareng lebetna bentang kajabang bayi mudah mudahan kawibawaaan Pajajaran aya didirina, mere caang kasadayana, mugi-mugi si jabang bayi jadi jalma anu suci, lancip pikirna hade laku lampahna.”
“Mudah-mudahan bae sapertos kitu engke ayana, anu ngajadi ciri Pajajaran anu saestu,” saur Dewi Kumala.
Nepi ka hiji mangsa si jabang bayi medal ka alam dunya, naon nu kaimpen ku Dewi Kumala sadayana janten kanyataan, lahir dibarengan ku wawangi, sareng aya hiji cahaya sapertos bentang lebet kadirina jabang bayi, nu ahirna ku Prabu Siliwangi dipasihan nami Walang Sungsang, Walang nyandak ti nami dirina, sungsang ngandung harti mugi-mugi tiasa ngabuka nu saenyana.




SUGIH MUKTI, BAGJA JEUNG SUGEMA PAJAJARAN
Dijero karaton Pajajaran, Prabu Siliwangi ngayakeun gempungan sareng para pajabat karaton, para pinisepuh karaton, para adipati nuaya diwewengkon Pajajaran dugi ka tokoh masarakat Pajajaran. Prabu Siliwangi ngajak kasadayana babarengan pikeun gawe nu rancage, paheuyeuk-heuyeuk leungeun, pantai-antai panangan pikeun ngawangun Pajajaran, Prabu Siliwangi nyarita kasadayana,: “sanajan kaula raja, da saenyana anu mawa nagara raharja, sugema, pinuh ku wibawa, sanes ku kaula sorangan, da saenyana anu mawa nagara pinuh kuwibawa, ku tokoh masarakatna anu ngaping karahayat sadaya, anu mere pangarti ka rahayat sadayana da saenyana pamarentah mah ngan saukur nyadiakeun waragad pikeun sadayana, pikeun ngatur hukum, aturan-aturan nagara nu kedah sadayana tanamkeun, pelakeun kanu hate rahayat sadayana yen, sagalana niatan ku ibadah, da saenyana anu mawa dirina bagja jeung sugema anging ku dirina sorangan ku lalampahan anu hade, ku kajujuran, ku kaikhlasan, ngajaga kahormatan dirina sorangan, nulung kasasama, hormat kasaluhureun, kasahandapeun, sareng kasasama, tanamkeun ku sadayana didieu anu gaduh tugas salaku pamingpin masarakat, anu ngaping rahayatna kana arti raga kusumah anu saenyana, nyeta samemeh ngajugjug nagara anu raharja, anu sugema anu pinuh ku wibawa, mimitian bersihan heula dirina sorangan, hate, pikir jeung ucapna. Kunaon kudu dimimitian tidirina sorangan, sabab saenyana teu aya pamingpin, teu aya rahayat, teu aya pajabat, teu ya rahayat, anu saestuna sami-sami jalma , anu keur ngajalankeun kahirupanana. Anu jadi tani, anu jadi kuli, anu jadi adipati, anu jadi senopati, anu jadi tamtama nagara, anu jadi patih dugi ka anu jadi raja saenyana sadaya teu aya bedana, sadayana kedah tiasa ngabaur, ngahiiji, ngarakyat, ieu nu jadi rahayat ulah sieun, ulah ngarasa leutik dipayuneun rajana, kitu oge sabalikna, raja ulah nganggap rahayat kabawahanana, kudu jadi ngahiji salaku warga nagara anu keur nyicingan nagara.
Saterasna kedah tiasa ngabuka, ngaluarkeun jeung ngasupkeun, timimiti rahayat biasa dugi ka rajana kedah tiasa ngabukakeun potensi dirina sagala kamampuan nu aya didirina, ngagunakeun hate jeung pikiran pikeun jadi pangabisa anu bisa nyukupan kahirupana, kitu deui kedah tiasa ngabuka potensi dirina salaku raja ngabuka potensi rahayatna, ngabuka potensi nagarana, ngaluarkeun sagala pangabisa jeung pangarti nu aya didiri rahayatna, sabab bakal katembong jati diri nagara Pajajaran, nyaeta ku kaluarna pangarti, pangabisa rahayat jeung rajana babarengan kaluar, raja kedah tiasa ngasupkeun pangarti kasadayana, boh elmu boh adat, tatakrama jeung sajabana, kitu deui rahayat ge kedah ngarti kanu saenyana, saterusna sagala rupa teh ulah ngandelkeun kabatur, ulah ningali kanagara batur, yakinkeun nagara urang sorangan oge pasti bisa, yakinkeun loba dinagara urang oge potensi nu can kabuka.
Saterasna ngajaga, dijaga jeung siaga. Sadayana timimiti rahayat dugi ka raja kedah tiasa ngajaga kahormatan nagarana, kumaha carana, nya ku laku lampah anu hade, ku kajujuran, ku kaikhlasan narima ku kaayaan anu enya, di jaga kalestarian budaya nu aya di Pajajaran, jaga ka aslianana ngarah teu pahili ku budaya-budaya ti batur, bisi wae urang ngasupkeun ti budaya batur, tapi sing inget, budaya asli Pajajaran tong nepi ka leungit, teras kasadayana timimiti rahayat dugi ka raja, kedah tiasa ngajaga kadaulatan nagarana, ngarah teu aya nu leungit, ngarah nagara teu leungit, sabab bisa wae nagara leungit lamun dina pamikiran sadayana teu boga rasa kacinta ka nagara, teu boga rasa kanyaah kanagarana, teu boga tanggung jawab kanagarana, urang sadayana kedah tiasa ngajaga potensi-potensi nu aya dinagarana, boh ti bumi boh ti leuweung, ngarah potensina teu dibuka ku batur, tapi dibuka ku sorangan, tah didieu urang kudu pinuh ku pangarti, kudu loba ku pangabisa sabab nu saenyana pangarti jeung pangabisa anu bisa mawa nagara jaya, tapi nu leuwih utama sadayana ti rahayat dugi ka raja teh, kedah tiasa ngajaga ahlak pamadeganana, sabab eta nu jadi konci ngarah kahirupanana teu kabawa ku sakaba-kaba. Urang kedah siaga bisi aya hal-hal anu teu diharepkeun datang ngaruksak kanagara urang, nu saenyanamah kedah siap narima kanyataan boh nagara jaya, boh nagara keur seueur bancang pakewuh, urang kudu babarengan nyanghareupan, ulah silih salahkeun lamun nagara loba ku bancang pakewuh, tapi sadayana kedah balik deui kadiri sorangan, kadirina sewang-sewangan naha lampahna bener atawa salah. “
Sadayana nu aya di karaton kauninga pamaksadan Prabu Siliwangi nu saenyana pikeun ngajak gawe nu rancage ngawangun Pajajaran, teras Prabu Siliwangi neraskeun cariosanana, “ saterasna urang salaku rahayat Pajajaran di mimiti ku rahayat biasa dugi ka rajana, saenyana sadayana warga nagara Pajajaran teu dibedakeun ku rahayat, teu dibedakeun ku pangkat, teu dibedakeun ku raja, saestuna sami-sami jalma nu keur usaha pikeun ngadeukeutan kasampurnaan, tapi lain sampurna ngandung harti jaya, lain sampurna anu ngandung harti pinuh ku wibawa, tapi sampurna laku lampah dinu kahadean, sabab saenya-enyana lamun laku lampah geus sampurna, dicirian ku kajujuran, jeung karidoan hate, wibawa nagara bakal datang sorangan, jadi nu saenyana nagara pinuh ku wibawa datangna ku laku lampah sadayana, timimiti rahayat biasa dugi ka rajana ngarti kanu kabeneran, ngarti kanu kajujuran, ngarti kana kaikhlasan, naon sanjatana nyaeta trisula, tapi lain trisula pakarang, lain trisula sanjata, tapi trisula nu ngandung harti hate pikir jeung ucap. Hate jeung pikirna, pikir jeung ucapna, ucap jeung lalampahanana didadasaran ku kajujuran jeung kaikhlasan, tah didinya wibawa, karta jeung raharja bakal kapanggih, sabab nu saenya-enyana jayana nagara, reuntasna nagara sadayana tos kersaning hyang widi nu ngaturna.” Ahirna kauninga ku sadayana, ku para senopati, ku para pinisepuh, ku para pajabat, ku para adipati, ku para tokoh masarakat yen, nagara bakal jaya di mimitian ti diri jalma sewang-sewangan, ku kajujuran, ku kaikhlasan jeung ku kabeungharan hatena.

UCAPAN PRABU SILIWANGI KA PARA PANDITA SARENG KA PARA TOKOH AGAMA NU SANESNA
Prabu Siliwangi ngondang ka para pandita sareng ka para tokoh agama nu sanesna nu aya di wewengkon karajaan Pajajaran.
“ Ka para tokoh agama sadayana, kaula nyuhunkeun gawe nu rancage, ngaping karahayat sakabeh, sabab aranjeun anu leuwih ngarti, aranjeun anu leuwih uninga kedah kumaha lalampahan manusa di dunya, anu leuwih uninga kana kajujuran saestuna, jeung leuwih uninga kana kabeneran nu saenyana, sabab nu mimiti pikeun nyorang nagara sejahtra nyaeta ngabebener ahlak-ahlak warga nagarana, kaula nyuhunkeun kasadayana para tokoh agama, sabab aranjeun anu babarengan ngajalankeun kahirupanana sareng hamba rahayat sakabeh, sok aping ku aranjeun tepikeun elmu-elmu agama ceuk pamadegan masing-masing, ceuk kayakinan sewang-sewangan, sabab pamadegan naon wae oge saenyanamah nitah ka jalma supaya lakulampahna bener, da pamadegan naon wae oge saenyana teu nitah salah, sanajan urang didieu beda pamadegan, beda kayakinan, urang kedah hirup sauyunan sabab kaula yakin, sadaya pamadegan naon wae oge gaduh etika kumaha carana kasasama anu sapamadegan sareng anu benten pamadegan, henteu silih gorengkeun, henteu silih beubeutkeun, sabab ari pamadegan mah hubungan antara jalma jeung nu nyiptakeunana, anu diciptakeun jeung anu nyiptakeun.”
Sadaya para tokoh agama ngartos kana ucapan Prabu Siliwangi, geningan saenyana dirina anu gaduh peranan anu ageung pikeun ngajugjug nagara anu pinuh ku wibawa, sabab agama anu jadi dasar pikeun manusa ngajalankeun kahirupanana, lamun jalma geus ngarti kanu agama, anjeuna gaduh rasa sieun pikeun lalampahan anu salah, pasti manehna teras-terasan usaha pikeun ngumpulkeun amal ibadah, ngumpulkeun kabeneran anu didasaran ku kajujuran pikeun nyorang kahirupanana. Teras Prabu Siliwangi nyarios deui, “tah timimiti ayeuna heg aranjeun geura narindak, ngabebener lampahna manusa, lamun enya hayang nagara sajahtra anu pinuh ku wibawa.”

PRABU SILIWANGI NGONDANG PARA SODAGAR PAJAJARAN
Pikeun hamba rahayat sajahtra sadayana, Prabu Siliwangi ngondang ka para sodagar nu aya di wewengkon karajaan Pajajaran, dipayuneun para sodagar sadayana prabu siliwangi nguningakeun nagara ngajugjug kana kamakmuran teh di barengan ku peranan para sodagar, sabab arinyana anu tiasa nyukupan karahayat sadayana pikeun sajahtra, Prabu Siliwangi nyarita : “para sodagar sadayana, anjeun anu ngagaduhan peranan pikeun ngasejahtrakeun rahayat sadayana, kumaha carana, heug buka lapangan pagawean pikeun rahayat, sareng ngabuka potensi rahayat, ngabuka pangabisa rahayat, heug ku didinya bina, asah, pangabisana pikeun jadi karya, ngabuka potensi alam nu aya di Pajajaran, supaya bisa ngahasilkeun karya anu ngabogaan harga jual anu luhur, jeung ngabogaan pamikat sorangan anu dibere tanda-tanda anu ngabedakaeun hasil karya ti Pajajaran jeung ti karajaan lain, ngabuka lapangan pagawean teh kudu dibarengan bari ngagawekeun jalma ti Pajajaran heula, saturut kamampuan jeung pangabisana, mun di Pajajaran teu aya nu bisa ngabuka potensi-potensi nu aya di Pajajaran karek urang tiasa neangan jalma ti luar Pajajaran, eta oge anu bisa jeung ngarti kanu potensi anu aya di Pajajaran pikeun ngaluarkeun hiji barang anu hasilna bisa nyukupan kabutuhan jalma sapopoe.
Nya nu jadi utamana mah, aranjeun sadayana mere pagawean karahayat anu tetep, anu ngajadi pagawean tetep hamba rahayat sadayana sapopoe, jeung sadayana anu gaduh pangabisa, heug buka sebarkeun karahayat pangabisana nyaeta pangabisa pikeun usaha, contona mere pangabisa elmu dagang, mere pangabisa elmu tani pikeun ngagarap sawahna, pikeun nyuburkeun pepelakanana ngarah hasilna sugema, saterusna lamun hasil panen tos nyukupan pikeun rahayat Pajajaran, mangga wae sesana jual kakarajaan sejen tapi upami teu acan cekapmah tong waka hayang ngajual ka karajaan sejen, intinamah cukupan heula karajaan urang, cukupan heula pangabutuh nagara urang, samemeh ka karajaan batur.”
Sanggeus ngadagu sasauran Prabu Siliwangi ahirna para sodagar ngarti kana pamaksadan Prabu Siliwangi pikeun nyukupan heula pangabutuh rahayatna, nyaeta tong waka ningali kabatur, tingali mah rahayat Pajajaran heula, ngarah sadayana sugema kahirupanana, kacukupan kadaharanana, pamakena jeung tempat cicingna.

OBROLAN PRABU SILIWANGI JEUNG PARA TAMTAMA PRAJURIT PAJAJARAN
Prabu Siliwangi ngondang kasadaya para tamtama Pajajaran, di payuneun sadayana anjeuna nyarita : “ kapara tamtama sadaya, aranjeun anu ngagaduhan tugas pikeun ngajaga kaamanan karajaan anu di bere sanjata pikeun bela kanagara, ngajaga rahayatna tinu bahaya, ngajaga kadaulatan nagarana ngajaga wilayahna ngarah wilayah Pajajaran teh teu aya nu leungit, ngajaga dijaga, siaga, ngajaga aranjeun ku silih jagaan kasalametan salaku sasama tamtama nagara, dijaga kadaulatan nagarana ku anjeun, siaga bisi sawaktu-waktu aya bancang pakewuh di Pajajaran.”

GAWE RANCAGE PAMIMPIN, PARA TOKOH AGAMA, PARA SODAGAR JEUNG PARA TAMTAMA
Sugih muktina Pajajaran diwangun ku gawe nu rancage, kupaheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantai-antai panangan antawis pamimpin, para tokoh agama, sodagar sareng para tamtama. Sadayana tiasa ngajalankeun tugasna masing-masing, para tokoh agama ngasupan pangabisa, pangarti ka hamba rahayat sakabeh, minuhan ku kajujuran, ku kabeneran, jeung kaikhlasan, para sodagar tiasa ngabukapotensi nu aya dialam Pajajaran, ngabuka potensi rahayat pikeun nunjang kana kahirupanana, hamba rahayat sadaya sugema sabab ngarasa damai, tengtrem sabab para tamtama nagara tiasa ngajaga kaamanan Pajajaran, sadayana dina ngajalankeun tugasna dipapayungan ku Prabu Siliwangi salaku rajana, tidinya Pajajaran muncul jadi nagara subur makmur nu gemah ripah loh jinawi pinuh ku wibawa, karta jeung raharja, Prabu Siliwangi ahirna tiasa ngabuka arti trisaka dina ngalaksanakeun jeung ngajalankeun pamarentahanana anu dibarengan ku kitab weda.

JAYA SUGEMA PAJAJARAN
Saparantos Prabu Siliwangi ngondang ka para adipati, ka para pandita sareng tokoh agama nu sanesna, ka para sodagar sareng ka para tamtama nagara, arinyana kupaheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantai-antai panangan, ngahiji ngabahu reksa pikeun ngawangun Pajajaran anu di harepkeun Pajajaran teh sejahtra, pinuh ku wibawa, karta jeung raharja dugi ka ngawujud jadi nyata nyaeta Pajajaran anu gemah ripah loh jinawi anu silih asah, silih asuh, silih asih, antara rajana para pajabat nagara tug dugi ka rahayat sakabeh, dugi ka Pajajaran jadi nagara anu makmur anu didasaran ku ngartina pamingpin jeung rahayatna kanu wangi nu sajati.
Saterasna raja-raja nuaya disabudeureun karajaan Pajajaran ngarasa takjub ningali Pajajaran, ningali ka Prabu Siliwangi ngawangun Pajajaran dugi ka nepi jadi sajahtra, gampang nyandang murah pangan, seubeuh hakan pinuh ku kamakmuran, dugi ka ahirna para raja-raja disabudeureun karajaan Pajajaran dongkap pikeun ngajalin gawe nu rancage sareng Pajajaran.
Dikaraton Pajajaran Prabu Siliwangi nampi kasumpingannana para raja-raja tea teras nyarios “ wilujeng sumping para raja-raja sadayana ka karajaan Pajajaran anu sakieu ayana mugi dihapunten bilih panampiannana kirang nyugemakeun ka para raja sadayana.”
Sadayana para raja ajrih ningali pamor Prabu Siliwangi dina dirina teu gaduh rasa ieu aing geus bisa ngawangun nagara anu makmur, teu gaduh rasa ieu aing pang pinterna sareng teu gaduh rasa udzub takabur jeung teu gaduh rasa sombong na dirina, salah saurang wawakil ti raja-raja teh nyarios,” nuhun ku ditampina oge, kaula sadayana ku tiasa ningali kaendahan ieu karaton Pajajaran anu pinuh ku kaagrengan, pamaksadan kaula sadayana hoyong ngajalin gawe nu rancage sareng Pajajaran boh tina tata nagara sareng sajabana, ngajalin hubungan nu sae antawis karajaan kaula sadaya sareng karajaan Pajajaran. “
“ Kaula mah teu tias nanaon, jalmi biasa da nu ngawangun nagara raharja mah ku sadayana nu ngeusianana timimiti pamingpin dugi karahayat biasa, sadayana ngiring bagian pikeun ngawangun nagara sajahtra sareng raharja.”
“Muhun nanging kaula para raja sadayana nyuhunkeun bantosanana ti salira pikeun ngabimbing sadayana supados ngartos kanu saenyana janten pamingpin anu tiasa ngawangun nagara sajahtra sareng raharja,”
“Mangga bae, kaula oge nyuhunkeun dibimbing ku sadayana pikeun ngurus nagara, hayu urang gawe nu rancage dina hubungan antawis nagara, urang silih tukeur pikir nyawalakeun pasoalan-pasoalan hubungan antar nagara,”
Sadayana ajrih ku ningali pamor jeung wibawana Prabu Siliwangi dugi ka ahirna para raja-raja sadayana masihan gelar ka Prabu Siliwangi Sri Baduga Maharaja, nyaeta raja anu ngarajaan raja, saterasna sadayana macangkrama di karaton Pajajaran.

PRABU SILIWANGI TEPANG SARENG WARTA GANA JEUNG WARTA GANI
Saparantos Pajajaran katingal jadi nagara anu sajahtra jeung raharja pinuh ku wibawa, Prabu Siliwangi pikeun meresihan dirina bilih aya hawa napsu dunya anu teu sadar aya didirina, anjeuna ngolah tapa di padumukan baheula sareng ramana, dina mangsa keur ngolah tapana, duka timana asalna disagigireun Prabu Siliwangi ujug-ujug dijagaan ku dua maung, maung eta darepa di kenca jeung katuhuna Prabu Siliwangi.
Disajeroning tapana Prabu Siliwangi kenging ilapat yen bakal aya dua sato anu bakal ngiring jeung anjeuna pikeun ngalengkepan pamor jeung wibawana, dina mangsa lugai tina tapana Prabu Siliwangi reuwas ku ningali dua maung nu aya dipayuneunana, tapina dua maung teh kalah ngagalentoran ka Prabu Siliwangi dugi ka ahirna anjeuna emut kana ilapat dina waktu keur ngolah tapa, ahirna Prabu Siliwangi mulang deui kakaraton disarengan ku dua maung anu ku Prabu Siliwangi dinamian warta gana sareng warta gani.

OBROLAN PRABU SILIWANGI SARENG PUTRANA RADEN WALANG SUNGSANG
Prabu Siliwangi dongkap ka kaputren pikeun nepangan putrana nyaeta Raden Walangsungsang, “Raden, ayeuna hidep geus dewasa, dina ngalakonkeun kahirupan teh kudu gaduh pamadegan, kudu gaduh kayakinan pikeun bekel hirup hidep, pinuhan eta diri ku pangarti, pinuhan eta awak kupangabisa, tembongkeun jati diri hidep salaku manusa, anu deudeuhan, anu silih asah, silih asuh, silih asih kasasama, ulah pedah hidep anak raja hidep ngarasa sombong, takabur, kangeunahan, saenyanamah hidep kudu sadar, jalan hirupna manusa aya waktu keur sedih aya oge waktu senangna, terus-terusan silih ganti dina kahirupan hidep, kanjeng rama bade naros ka hidep, naha pamadegan hidep rek milu jeung kanjeng rama atanapi sareng kanjeng ibu, mangga ku hidep pilih sabab etamah hidep anu bade ngajalankeun kahirupan, nu rek ngalalampah, kanjeng rama moal maksa hidep pikeun milu pamadegan kaula, sok bae kuhidep pilih.”
“Kanjeng rama, putra teu acan tiasa mutuskeun kanggo nyepeng pamadegan anu mana.”
“Naha.. ? Anjeun teh geus dewasa, kudu geura milih pamadegan keur jadi dasar hirup hidep, pikeun ngajalankeun kahirupan sabab percoma lamun hirup hidep sanajan bener tapi teu boga cekelan.”
Raden Walangsungsang ngahuleng ngaraga meneng nepi kaahirna datang kuat dina hatena pikeun ngiring pamadegan ibuna, lajeng nyarios , “ kanjeng rama, putra bade ngiring ka pamadegan kanjeng ibu, sabab sakedik-sakedik putra tos diajarkeun ku kanjeng ibu pamadengan nu ku kanjeng ibu cepeng, hapunten sanes putra teu tumut ka kanjeng rama, kumargi saur kanjeng rama oge etamah kumaha kahoyong putra, da putra nu bade lalampahanana.”
“ Teu nanaon Raden, saenyanamah sami bae, sabab etamah hubungan manusa jeung nu nyiptakeunana, sabab di tiap-tiap pamadegan teu aya paksaan pikeun hiji jalma pikeun nyepeng pamadeganana, lamun hidep rek ngiring ka pamadegan kanjeng Ibu, heg hidep diajar ka kanjeng eyang Surya Kancana, Kanjeng eyang langkung uninga, da kanjeng eyang diajar Islam di tempat asalna agama Islam.”
“Muhun kanjeng rama, putra bade diajar ka kanjeng eyang.”
Ahirna Raden Walangsungsang nyepeng Islam, ngiring kapamadegan kanjeng Ibu sareng pamadegan eyangna Surya Kancana.
“ Raden, kanjeng rama bade naros ka salira, hidep hayang janten raja pikeun mingpin Pajajaran ?”
“ Duka kanjeng rama, putra teu acan gaduh pamikiran dugi ka dinya, “
“ Raden mun hidep hayang jadi raja, sok teang pangabisa jeung pangarti pikeun hidep mingpin nagara, hidep sing sadar ulah pedah hidep anak raja hidep bakal ngajadi raja, sabab kahirupan manusa tos aya nu ngaturna, lain ama embung lain ama ngulahkeun hidep narima tahta Pajajaran ari hidep bisa mah, jeung mampu pikeun mimpin Pajajaran, mangga bae, sabab ngadegna pamingpin teh kudu nu bisa, nu ngarti kanu harti sajatina pamingpin anu saenyana.”
“Naon anu saenyana jati diri pamingpin teh kanjeng rama ?”
“Jati diri pamingpin nu saenyana, tingali weh arti kujang raga kusumah, lancip ka luar jeung lancip kajerona, ngandung harti pikiran jeung hate hidep kudu lancip, nungandung harti dina mutuskeun hiji perkara teh tong dibarengan ku hawa napsu dunya, dipikir heula sabab jeung akibatna, eta kujang ngabentuk kembang, ngandung harti seungit, nya seungit ku pangarti sareng ku pangabisa anu bisa silih seungitan karahayatna, jeung kasasamana, Eta bolong tilu ngandung harti yen manusa teh ngan saukur dilahirkeun, lalampahan jeung palastra, tah eusian dina lalampahan eta teh ku amal ibadah hidep, ngaran kujang raga kusumah nyaeta ngandung harti kabersihan, kajujuran, kaikhlasan, tapi mun hidep ngarasa teu bisa jeung teu mampu ajeun keukeuh hayang jadi raja kusabab hidep calon putra mahkota, karunya rama mah kadiri hidep, bisi hirup hidep pinuh ku kagorengan.”
Muhun kanjeng rama, putra ngartos kana ucapan kanjeng rama, putra nyuhunkeun restu wae ti kanjeng rama mudah mudahan putra ngajalankeun kahirupan tetep dina jalan kabeneran pinuh ku kajujuran, kukaikhlasan narima kana kanyataan, nyuhunkeun du’a ti kanjeng rama mudah-mudahan putra sing kiat pikeun nyanghareupan cobaan, sabab namina oge di dunya pinuh ku cobaan jeung godaan.”
“ Ku kanjeng rama didoakeun, ku kanjeng rama direstuan, mudah mudahan hidep apal kanu jati manusa nu sampurna.”
Saparantos nyarios kitu, ka putrana Prabu Siliwangi nepangan ka maha patih Surya Kancana pikeun ngabejaan yen raden Walangsungsang ngiring kana pamadegan Ibuna, Prabu Siliwangi nyuhunkeun ka mahapatih Surya Kancana pikeun ngajarkeun Islam nu saenya-enyana.



NGABINA PUTRA MAHKOTA PAJAJARAN

OBROLAN MAHAPATIH SURYA KANCANA SARENG RADEN WALANG SUNGSANG
Dibale taman kaputren Pajajaran Mahapatih Surya Kancana nepangan ka Raden Walangsungsang.
“Assalamualaikum….”
“Waalaikumsalam…. “ Raden Walangsungsang ngajawab ucapan salam eyangna, Raden Walangsungsang tiasa ngajawab salam ti eyangna sabab sakedik-sakedik anjeuna parantos diajar Islam ku Ibuna, teras eyangna tumaros :
“ Raden nah hidep apal kanu ngarana Islam ?” Raden Walangsungsang malik tumaros, “Naon eyang arti Islam anu saenyana teh ?.”
“ Islam nyaeta salamet, nyalametkeun dirina, nyalametkeun kabatur, teu aya paksaaan pikeun ka jalma nyepeng pamadegan Islam, sabab nu namina kayakinan, etamah teu tiasa dipaksa, sabab etamah hubungan antara dirina jeung nu nyiptakeunana,”
“Naha putra tiasa disebut jalmi Islam mung saukur nyebatkeun yen putra nganggem pamadegan Islam ?”
“Lain ngan saukur ku ngucapkeun ngaku Islam tapi kulalampahan anu saluyu sareng aturan-aturan Islam,”
“Kumaha carana putra tiasa disebat jalmi Islam ?”
“Nu kahiji hidep kudu nyebatkeun dua kalimah sahadat dina hate jeung ucapan, nyaeta Ashaduallaillahaillallah Waashaduanna Muhammadarasullallah, sabab dua kalimah sahadat eta nyaeta jangji hidep, ikrar hidep yen hidep nyaksi teu aya deui pangeran anu wajib di sembah anging Allah SWT, sareng hidep nyaksi yen Nabi Muhammad eta rosul Allah. Nu kaduana hidep diwajibkeun ngajalankeun ibadah Solat anu lima waktu dina sapoe, ngarah hidep tetep inget kanu nyiptakeun hidep, nyaeta waktu Isya, Subuh, lohor, asar jeung magrib, tah eta anu jadi tihangna agama Islam. Anu katiluna jakat atanapi sodaqoh, nyaeta pikeu ngabersihkeun diri hidep, harta banda hidep, engke oge hidep ngarti kana arti jakat anu leuwih jero, nu ka opat, nyaeta puasa, hidep diwajibkeun pikeun ngajalankeun ibadah puasa di bulan romadon, sareng nu kalima, nyaeta hidep datang kabumi Mekah pikeun ngajalankeun ibadah Haji, tah nu lima eta kawajiban hidep lamun hidep ngaku nyekel pamadegan Islam.”
“Kumaha carana laku lampah sapopoe pikeun ngajalankeun Islam?”
“Nya jalankeun kabiasaan hidep ku kahirupan hidep sapopoe, dina lalampahan niatan ku Ibadah pikeun nyuhunkeun karidoan Gusti Allah, sabab mun Gusti Allah tos rido mah hidep bakal manggih kanu arti hirup nu sabenerna.”
“Naon arti hirup nu sabenerna teh kanjeng eyang ?”
“Laku lampah manusa anu sagalana di niatan ku ibadah, nyuhunkeun karidhoan gusti Allah dibarengan ku kabersihan hate, pikiran, jeung ucapan lamun hate hidep, pikiran hidep, ucapan hidep bener, kajujuran pasti katingali, kajujuran ka tingali didiri hidep, lalampahan hidep oge pasti bakal bener.”
“Hoyong leuwih jelas deui kanjeng eyang ?”
“Nu mimitimah nu lima kawajiban manusa dina nganggem Islam, saterasna sok teangan amal keur bekel hidep di aherat, sabab amal ibadah hidep nu bakal nyalametkeun hidep di Yaumil Hisab, ku kajujuran, kabersihan hate, pikiran, jeung ucapan dina ngajalankeun kahirupan hidep, laku lampah hidep anu bener anu mawa kabagjaan hidep engkena, boh hidep jadi rahayat, jadi pajabat, atanapi jadi raja, intinamah sagalana niatan ku ibadah, hidep bakal panggih jeung katenangan, intinamah neangan kasalametan di dunya jeung keur di aherat, tah eta tujuan manusa nu saenyana.”
“Masih baluweng keneh kanjeng eyang, can kaharti jelas !”
“Salaku Islam hidep diwajibkeun ngajalankeun sareat Islam saperti hukum sareng katangtuan syara, dibarengan ku kabersihan hate,pikiran jeung ucapan. Hate jeung pikirna, pikir jeung ucapna, ucap jeung lampahna sadayana didadasaran ku kajujuran, lamun sadayana geus sajalan lalampahan hidep bakal bener.”
“Kumaha ari lalampahan anu bener teh kanjeng eyang ?”
“Nyaeta lalampahan nu teu make hawa napsu dunya, sadayana samata –mata ku lillahitaala nyuhunkeun karidoan gusti Allah, ngumpulkeun amal pikeun bekel hidep di kahirupan aherat, tah eta nu namina ibadah, ayeunamah kendalikeun heula hawa napsu nu aya didiri hidep.”
“Kumaha upami leungitkeun wae hawa napsu nu aya didiri putra kanjeng eyang ?”
“Hawa napsu dina diri manusa teu bisa dileungitkeun sabab saenyana manusa dipidingan ku opat unsur nyaeta : seuneu, cai, angin jeung taneuh, ari seuneu nyaeta napsu, cai nyaeta katenangan, angin nyaeta kahirupan ngandung harti napas, jeung taneuh ngandung harti jasad, cilaka pikeun manusa lamun salah sahijina leungit dina diri manusaayeunamah sok weh baca ieu kitab Al-Qur’an mudah-mudahan gusti Alloh ngabuka panto hate hidep jeung hidep bisa ngarti kanu eusi Al-Qur’an nu sabenerna anu jadi pituduh pikeun manusa.”
Mahapatih Surya Kancana saparantos masihkeun kitab suci Al-Qur’an ka Raden Walang Sungsang dirina pamit sareng ngadu’a mugi-mugi Raden Walang Sungsang ngarti kanu Islam nu sajati.

MAHAPATIH SURYA KANCANA NGAJARKEUN ISLAM NU SAENYANA KA RADEN WALANG SUNGSANG
Raden Walang Sungsang dongkap ka padumukan Mahapatih Surya Kancana, anjeuna hayang leuwih ngarti, hayang leuwih apal kanu Islam nu saenyana.
“Assalamualaikum….” Raden Walang Sungsang ngucapkeun salam,
“Waalaikumsalam…. “ tos dibaca ku hidep eta Al-Qur’an teh ?”
“Muhun kanjeng eyang, ku putra tos dibaca sadayana, ngartos kanu eusina, anu ngabedakeun anu bener jeung nu salah, anu nyaangan kamanusa pikeun ngajalankeun kahirupanana anu intinamah sadaya lalampahan urang samata-mata ngudag karidoan Allah, ku lillahitaala, pikeun manusa ngajalankeun lalampahannana, didinya diterangkeun kawajiban manusa pikeun ibadah ngumpelkeun kahadean, amal ibadah pikeun jaga di yaumil hisab atanapi di aherat.”
“Saha cenah ari pangeran urang teh raden?”
“Pangeran urang teh teu aya deui nu wajib disembah anging allah nu ngagaduhan bumi, langit sawarga jeung pangeusina,.”
“Hidep yakin ..? katingali yen pangeran teh aya, dimana ayana ?”
“ Putra yakin Allah teh aya sanajan putra teu acan papendak sareng mantena, tapi putra ningali ku ayana bumi, langit, sawarga sareng eusina pasti aya anu nyiptakeunana, dimana ayana, yen Allah teh ayana di Arsy, dimana ayana Arsy ?, Arsy teh ayana dina hate masing-masing jalma, ku kayakinan manusa yen percaya gusti Allah teh aya.”
“Kumaha carana manusa pikeun nyanghareupan kahirupanana?”
“Ku rido jeung ikhlas, boh nyanghareupan kabungah, boh nyanghareupan ka sedih, boh ku cocoba harta, boh ku teu boga harta, dina dirina rido jeung ikhlas narima kana kaayanana sabab nu saenyana yen kahirupan manusa teh anging mantena nu ngaturna,da samemeh manusa gubrag ka alam dunya sadayana tos aya titis tulis tidituna, takdir kahirupanana.”
“Naon anu jadi poko utama pikeun manusa lalampahan teh raden ?”
“ Lalampahan manusa salian ti rido jeung ikhlas dibarengan ku kabersihan hate, pikiran jeung ucapan, sadayana kedah sajalan anu ahirna timbul kajujuran dugi ka ahirna timbul lalampahan anu bener tapi nu saenyanamah sadayana kedah diniatan ku Ibadah, lalampahan naon bae oge intinamah ibadah di niatan pikeun ibadah, ibadah neangan karidoan Allah sabab upami gusti Allah tos ngaridoan mah manusa bakal ngarasa hampang dina ngajalankeunana, pinuh ku katenangan sabab, anjeuna narima sanajan kaayaanana blangsak, tapi pinuh ku kabagjaan dina hatena anu di wangun ku rido jeung ikhlas.”
“ Raden naha anjeun narima lamun hiji mangasa anjeun nyanghareupan lara jeung tunggara, da ayeunamah anjeun calon putra mahkota hirup dikaraton pinuh ku kasenangan, hayang naon wae oge pasti kacumponan, kumaha carana lamun hiji mangsa anjeun nyanghareupan lara jeung tunggara ?”
“ Kanjeng eyang ngarana oge manusa moal salilana senang jeung moal salilana sangsara, dina mangsa kaula sangsara meurun eta teh ujian keur kaula, nguji kaimanan kaula sabab dina katerangan oge naha jalma bisa disebatkeun jalmi iman saacan datang ujian ka anjeun, sabab mingkin gede kaimanan putra meureun mingkin gede ujianana, naha putra bakal tetep aya dina kaimanan kusumangetna ngajalankeun kahirupan putra, atanapi putra jadi jalma anu pegat harepan teu narima kanu kanyataan, teu narima kanu ujian dina ngajalankeun kahirupan, jadi rido jeung ikhlas ku sumerah pasrah putra anu disebut jalma nu teu aya daya jeung upaya anu bakal masihan kakuatan ka putra pikeun kuat narima kabungah jeung ka sedih dina mangsa ngajalankeun kahirupan.”
Mahapatih Surya Kancana nangis ngadangu sasauran Raden Walang Sungsang, benten dina waktos mimiti anjeuna naroskeun perkara Islam ka dirina, teras Mahapatih Surya Kancana naros deui ka Raden Walang Sungsang : “raden, kumaha lalampahan hidep lamun hidep jadi rahayat biasa, lamun hidep jadi putra mahkota atawa hidep jadi raja ?”
“ Saenyana boh rahayat biasa, boh putra mahkota, boh raja sami-sami jalma anu keur neangan ridona gusti Allah, sanajan jadi rahayat pake lalampahan salaku rahayat pikeun ibadah, mun putra mahkota oge pake lalampahan salaku putra mahkota pikeun ibadah, kitu deui mun jadi raja, pake lalampahan salaku raja pikeun ibadah, sabab nu saenyana harta, kapangkatan sareng tahta sadayana jadikeun alat pikeun ibadah, kunaon ibadah ?, ceuk dina katerangan gusti Allah nyiptakeun jin jeung maanusa teh pikeun ibadah”
Ngadangu kitu, Mahapatih Surya Kancana masihan sadaya pangabisana ka Raden Walang Sungsang, anjeuna salian ti ngajarkeun Islam ka Raden Walang Sungsang, oge masihan elmu kanuragan ka Raden Walang Sungsang sareng deui anjeuna masihan nami ka Raden Walang Sungsang nyaeta Raden Kian Santang, mung hiji pamenta anjeuna nganggo nami Kian Santang teh upami anjeuna parantos diistrenan janten Putra Mahkota.

RADEN WALANG SUNGSANG DIISTRENAN JANTEN PUTRA MAHKOTA PAJAJARAN SARENG MIANG TI KARATON PAJAJARAN
Dina mangsa Raden Walang Sungsang parantos dewasa, geus waktuna da puguh dirina anak raja kedah diistranan janten putra mahkota Pajajaran, di lebet Karaton Pajajaran Prabu Siliwangi nyarios ka Mahapatih Surya Kancana, “ uwa patih, mun enya tea mah putra kaula geus waktuna diistrenan janten putra mahkota, kaula alim pikeun ngistrenan dirina janten putra mahkota, sabab ieu nagara teh lain milik kaula, lamun putra kaula diistranan janten putra mahkota artina hiji mangsa ieu tahta karajaan pasti bakal turun ka dirina, dirina naha bakal ngarti kana arti hirup nu sabenerna, sedengkeun salila ieu hirupna pinuh ku kasenangan, da puguh cicingna oge di karaton, can pernah ngalaman nu ngarana balangsak, kaula sieun bisi manehna teu bisa ngarasakeun kumaha gemblengan ti alam, teu ngarasakeun paitna nu dihandap.”
“Nak Prabu, kaula yakin, kaula percaya, dina dirina Raden Walang Sungsang tos ngarti kanu arti sajatina manusa, kawajibanana manusa dina ngajalankeun lalampahanana.”
“Lain kaula ngulahkeun anak kaula pikeun jadi raja, tapi kaula sieun dirina teu bisa mawana, teu bisa nempatkeun dirina salaku raja, kaula masrahkeun ka sadayana anu aya didieu kumaha saena, naha Raden Walang Sungsang kedah diistrenan atanapi henteu?”
Sadayana para pinisepuh karajaan, para senopati karajaan, sareng Mahapatih Surya Kancana parantos kauninga ku sadayana, laku lampah, adat jeung tatakrama Raden Walang Sungsang, dugi ka ahirna sadayana mutuskeun ngangkat Raden Walang Sungsang janten putra mahkota, nya ahirna Prabu Siliwangi masrahkeun ka uwana Mahapatih Surya Kancana pikeun ngistrenan Raden Walang Sungsang janten putra mahkota, disaksian ku sadayana, ku para pinisepuh karajaaan, para senopati, ku Prabu Siliwangi, Mahapatih Surya Kancana ngistrenan Raden Walang Sungsang janten putra mahkota Pajajaran sareng gentos nami janten Raden Kian Santang anu ngagaduhan gelar Cakra Buana.
Saparantos diistrenan, Raden Kian Santang kaemut ku dirina meureun hiji mangsa anjeuna bakal mingpin, bakal narima tahta karajaan, sedengkeun dirina teu acan pernah ngalaman sangsara, balangsak, ngahiji jeung rahayat, ningali nu saenyana kahirupan nu di handap, ahirna anjeuna nyuhunkeun widi karamana pikeun ngalalana supaya ngarti, supaya apal, supaya uninga kaayaan nu dihandap nyaeta kaayaan rahayat biasa, nya ku ramana diwidian pikeun miang ti karaton Pajajaran, anjeuna ngalalampah disarengan ku Raden Sembada.

RADEN KIANSANTANG TEPANG SARENG GARUDA WISNU KANCANA, SAEMBARA DEWI PATMAWATI
Saparantos Raden Kian Santang miang ti Pajajaran, lebet ka pakampungan, kaluar ti pakampungan, lebet leuweung kaluar leuweung, di unggal kampung ku dirina katingali, nu saenyana yen teu sakabeh jalma bagja sareng teu sakabeh jalma sangsara dina ngajalankeun kahirupanana, anjeuna emut kanu saenyana, meureun eta jalan kahirupanana, da saenyana sadayana tos diatur ku gusti Allah, anjeuna dina lalampahanana bari saeutik-saeutik nyebarkeun Islam , teu katingal ku masarakat nu dikampung yen saenyana eta teh putra mahkota Pajajaran.
Nepi kahiji mangsa dihandapeun tangkal widara anjeuna keur ngareureuhkeun kacape, waktu keur ngobrol sareng Raden Sembada, nyeak tur aya nu nyamber kadirina Raden Kian Santang hiji manuk gede anu disebut garuda, dugi ka dibawa hiber, Raden sembada kaget ningali Raden Kian Santang dicandak ku manuk, di handap Raden Sembada mung tiasa saukur ningali Raden Kian Santang dikerewek taktakna, dibawa puputeran diawang-awang, Raden Kian Santang emut kanu elmu kanuragan nu dipasihan ku eyangna Mahapatih Surya Kancana, anjeuna ngaluarkeun pangabisa dugi kaahirna eta garuda teh ku anjeuna di bawa ka handap, ditingal dikaanggangan ku raden sembada, Raden Kiansantang galungan jeung eta manuk garuda, nepi ka ahirna Raden Kian Santang tiasa ngungkulan eta manuk, teras anjeuna ngaluarkeun sanjata nyaeta keris Anta Kusumah anu dipasihan ku eyangna, waktu keur ngaluarkeun keris anjeuna emut kanu arti Anta Kusuma anu hartosna kabersihan sadayana, kabersihan keris, sareng kabersihan nu nyepengna, salajengna eta keris dilebetkeun deui, bari pok nyarios ka eta manuk : “ garuda, hampura sanes kaula bade nandasa, nanging kaula mung saukur jaga diri, da maneh geuning geus ngerewek kaula, ngandung harti bade nyilakakeun kaula, kaula teu uninga naon pamaksadanana.”
“Mangga bisi salira bade nandasa kaula, meungpeung kaula keur teu walakaya,“ kitu sasauran eta garuda.
“Kaula teu wasa pikeun nandasa, sanajan salira bangsa sato, meureun jalan hirup kaula kudu nyangharepan, kudu galungan jeung salira sanajan kitu saenyana kaula teu wasa, da anjeun ge ciptaan gusti Allah anu hayang hirup, anu keur ngajalankeun kahirupan salaku sato,” katingal dina soca eta garuda reumbay cimata ngadangu sasauran Raden Kian Santang, dugi ka ahirna ngolebat kapayuneun Raden Kian Santang jeung garuda eyangna Mahapatih Surya Kancana.
“Assalamualaikum kanjeng eyang ?”
“Waalaikum salam.. bagja raden, hidep geus ngarti kana arti kahirupan anu saenyana, sanajan ieu garuda bangsa sato, anjeun teu wasa pikeun nandasa”
“Muhun kanjeng eyang, putra teu wasa da garuda oge gaduh nyawa pikeun ngajalankeun kahirupanana, sami-sami ciptaan gusti Allah.”
“Hampura raden, ieu teh namina Garuda Wisnu Kancana, meureun kudu kieu carana eyang masihkeun garuda ka hidep sabab ngan jalma nu ngartos kana arti kahirupan anu tiasa ngendalikeun ieu garuda, tah tiayeunamah heg ka ieu jalma anjeun ulun kumawula, nyaeta Raden Kian Santang incu kaula.”
“Muhun jungjunan kaula bakal ulun kumawula ka Raden Kian Santang “ ceuk eta garuda.
“Raden jaga diri hidep dina mangsa hidep keur ngalalampah ayeuna, pasti loba cobaan jeung godaaan pikeun hidep, mudah-mudahan hidep tiasa salamet mulih deui ka Pajajaran, Assalamualaikum… kaula bade mulih deui ka Pajajaran”
“ Waalaikum salam…” sadayana ngajawab salam Mahapatih Surya Kancana, ahirna Raden Kian Santang sareng raden Sembada di sarengan jeung manuk garuda neraskeu deui lalampahanana. Dugi ka hiji mangsa ngadangu kabar aya sayembara di karajaan Demak, nepi ka Raden Kian Santang kataji ku kageulisan putri nu disayembarakeunana, anjeuna ngiringan eta saembara pikeun marebutkeun eta putri nu namina nyaeta Dewi Patmawati.
Dipakalangan anjeuna galungan sareng anu ngiringan saembara, hiji-hiji anu ngiringan teu wasa nandangan pangabisa elmuna Raden Kian Santang, dugi ka ahirna kapamungkas pamilon saembara, Raden Kian Santang teu wasa pikeun ngalawan anu disanghareupanana, euyah-euyahan nu lalajo ningal Raden Kian Santang ngarumpuyuk, nanging ku pitulung gusti Allah kadirina, anjeuna emut yen nu saenya-enyana kakuatan jalmi ku ngarumasakeun bahwa dirina teu daya teu upaya, Raden Kian Santang teras nyuhunkeun ka gusti Allah nyuhunkeun kakuatan dugi ka ahirna dirina nyandak kakuatan bumi sareng ngaluarkeun tanaga dalamna, sanajan nu disanghareupanana jauh, anjeuna nuju keun tanaga dalamna kanu disanghareupanana, dugi ka ahirna Raden Kian Santang dinyatakeun unggul dina eta sayembara.
Salajengna Raden Kian Santang ditepangkeun sareng Dewi Patmawati, ramana Dewi Patmawati naros ka Raden Kian Santang :
“ Assalamualaikum, Kisilah, saha ari hidep teh ngarana ? timana asalna ?”
Raden Kian Santang emut ka lalampahan ramana baheula anu dicaritakeun ku ibuna, ahirna anjeuna ngajawab : “Waalaikum salam.. kaula Munding Laya, kaula teu puguh padumukan, jalmi anu keur ngalalana dugi kakaula ngadangu aya saembara didieu, nya kaula ngiringan ieu saembara,”
“Patmawati, naha hidep narima Munding Laya pikeun pisalakieun hidep ?”
“Aduh hampura kanjeng rama, sanes kaula teu narima, nanging bade dicandak kamana kaula, Munding Laya teu puguh padumukanana, hirup saukur ku ngalalana, kaula teu kuat ngiring jeung anjeuna ngalalana sakaparan-paran”
Raden Kian Santang ngadangu sasauran Dewi Patmawati teu wasa nandangan kanyeri anu ditarima, kusabab kanyaah jeung rasa cinta anu tos aya didirina ka Dewi Patmawati, Raden Kian Santang pamit ninggalkeun Raden Sembada, anjeuna teras mulih ka Pajajaran nyandak lara jeung tunggara.

DONGKAPNA DEWI PATMAWATI SARENG RADEN SEMBADA KA PAJAJARAN
Dikaraton karajaan Demak, Raden Sembada ku ningali kajadian anu kaalaman ku Raden Kian Santang, ahirna kapaksa anjeuna nyaritakeun ka Dewi Patmawati sareng ramana saenyana munding laya teh nyaeta putra mahkota Pajajaran nyaeta Raden Kian Santang, ngadangu kitu nuaya dikaraton Demak sadayana reuwas, ahirna Raden Sembada pamit bade mulih ka Pajajaran, ngadangu Raden Sembada bade mulih ka Pajajaran, Dewi Patmawati nyuhunkeun widi ka ramana bade ngiring sareng Raden Sembada ka Pajajaran.
“Kanjeng Rama, kaula nyuhunkeun widi pikeun ngiring sareng raden Sembada ka Pajajaran, kaula sieun bisi aya mamala nu teu hade kadiri kaula, nyuhunkeun restu kanjeng rama ?”
“Sembada putri kaula hayang milu jeung hidep ka Pajajaran, kaula nitip kahidep bejakeun salam kanu aya di Pajajaran ti kaula, hampura lain rek nganyenyerikeun ka Raden Kian Santang, tapi da kumaha kieu kanyataanana.”
“Muhun ku kaula di tepikeun salam sadayana kanu aya di Pajajaran, Dewi Patmawati, mangga bae bade ngiring mah, hayu urang lumampah ka Pajajaran.”
Ahirna Raden Sembada disarengan ku Dewi Patmawati sareng garuda wisnu kancana mulih ka Pajajaran. Saparantos dongkap ka Pajajaran, Raden Sembada sareng Dewi Patmawati nepangan ka Dewi Kumala atanapi Subang Larang, Mahapatih Surya Kancana sareng Prabu Siliwangi sadayana ngempel di kaputren Pajajaran.
“Assalamualaikum…” salam Raden Sembada sareng Dewi Patmawati ka sadayana nu aya didinya,
“ Waalaikum salam…” sadayana ngajawab salam, kitu oge Prabu Siliwangi, nya ahirna Raden Sembada nepangkeun Dewi Patmawati ka sadayana.
“Sembada, mana putra kaula Raden Kian Santang, ? “ saur Dewi Kumala, ngadangu sasauran kitu Raden Sembada sareng Dewi Patmawati reuwas, nya ahirna Raden Sembada nyaritakeun kajadian nu kaalaman ku Raden Kian Santang, sadayana ngahuleng ngaraga meneng ngadangu carita raden Sembada, Mahapatih Surya Kancana ngan saukur gumujeng bari nyarios, “keun weh.. mereun waktuna dirina ngalaman kanyeri, ngarasakeun rasa pait, ngarah kuat engkena “
“Nuhun Dewi Patmawati, hidep geus mere palajaran ka anak kaula arti hirup nu saenyana, yen manusa teh teu salilana aya dina kasenangan jeung teu salilana aya dina kabagjaan, mereun ku ngalaman rasa sangsara mudah-mudahan dirina bisa ngarti kanu naon anu dibawa ku dirina, anu aya didirina sabab salila ieu da puguh cicingna dikaraton, sagala kahayangna pasti kacumponan, can pernah ngarasakeun kanyeri, can pernah ngarasakeun kasusah, can pernah ngarasakeun balangsak.”
Ngadangu sasauran kitu Dewi Patmawati ngagabrug ka Dewi Kumala bari sasauran : “hapunten kasadayana nu aya didieu, lain kaula mere kasedih, lain kaula nganyenyerikeun hate, kaula teu sadar nyebat ucapan model kitu ka Raden Kian Santang.”
“Tong ngarasa salah, meureun takdirna Kian Santang ngalaman hal nu model kitu,” saur Dewi Kumala ka Dewi Patmawati, “ayeunamah cicing bae heula didieu, sakantenan baturan rayina Kian Santang nyaeta Dewi Larasantang,” ahirna Dewi Patmawati netep di Pajajaran ngarencangan Dewi Larasantang rayina Raden Kian Santang.

RADEN KIANSANTANG NGAWANGUN MASJID CIPTA RASA
Saparantos ninggalkeun Raden Sembada, Raden Kian Santang dugi ka hiji guha, nya didinya anjeuna nenangkeun hate jeung pikirna, dugi ka ahirna emut kanu ucapan dirina dina mangsa dibale taman kaputren ka eyangna Mahapatih Surya Kancana, henteu salamina manusa bagja, jeung henteu salamina manusa sangsara, yen nu saenyana kahirupan manusa teh geus aya nu ngaturna, emut dina dirina meureun ayeuna mangsana nandangan lara, sagala perkara asalna ti Allah, anjeuna masrahkeun deui sagala rupina ka gusti Allah, ngarumasakeun yen saenyana teu aya daya jeung upaya ti dirina, mereun kudu kieu jalan kahirupanana, anjeuna emut deui kanu jati dirina manusa anu saenya-enyana, teras anjeuna lumampah kahiji pakampungan nu aya didinya, anjeuna nyebarkeun Islam ka pakampungan eta dugi ka ahirna anjeuna ngadamel hiji masjid nu dinamian cipta rasa, anu ngandung harti anu kaciptana sagala rasa, rasa kadeudeuh, rasa kanyaah, rasa tanggung jawab salaku manusa pikeun nyebarkeun siar Islam kamasarakat didinya. Anjeuna nyebarkeun Islam ngangge nami Anta Kusumah, teu lami didinya anjeuna emut ka Ibuna dugi ka ahirna Raden Kian Santang pamit ka masarakat didinya, saparantos pamit, diluhur bukit nu aya didinya Raden Kian Santang nyauran Garuda Wisnu Kancana, saterasna Raden Kian Santang mulih ka Pajajaran.



NIKAHNA RADEN KIANSANTANG KA DEWI PATMAWATI
Raden Kian Santang dongkap ka Pajajaran, anjeuna teras nepangan ka eyangna Mahapatih Surya Kancana di tempatna.
“Assalamualaikum…”
“Waalaikum salam…” Mahapatih Surya Kancana kaget ningali mulangna Raden Kian Santang.
“Kumaha damang kanjeng eyang ?”
“ Alhamdulillah.. raden, gusti Allah masih maparinan kasehatan ka eyang, timana wae hidep teh raden, kanjeng Ibu nangis bae ngemutan hidep “
Raden Kian Santang teras nangis bari nyarios “ Aduh .. hapunten kanjeng eyang karasa ku putra ayeunamah pait amisna kahirupan, sanajan putra teh putra mahkota geningan teu salamina aya dina kasenangan.”
“ Kaharti ayeunamah ku hidep raden arti hirup anu saenyana, kawajiban manusa anu saenyana.”
“Muhun kanjeng eyang, intinamah manusa teh kedah ngajaga kanu disebut hawa napsu dunya, kumaha karep sorangan, ku ngagugulung kahayang, kaembung jeung kasieun, sadayana pasti embung nyanghareupan kanyeri, kasedih, tapi tah didieu ujian pikeun manusa kumaha nyanghareupanana, nyanghareupan rasa kasedih, nyanghareupan rasa kabungah lamun teu emut kanu jati dirina manusa anu saenyana, pasti manusa bakal hirup sangsara jeung tunggara, hirup kabawa sakaba-kaba dikendalikeun ku hawa napsu, tapi enya geuningan, saenyana dina Al-Qur’an tos ditetelakeun yen kawajiban manusa ngalalampah dialam dunya saukur ibadah.”
“Bagja raden, ayeuna hidep ngarti ka palebah dinya, lain ngarti saukur ku ucapan tapi ku pernah ngalaman pait amisna kahirupan.”
Diluar kadangu sora rayina nyaeta Dewi Larasantang nyebat-nyebat namina, “Raka mas Kian Santang… “ Raden Kian Santang ngalieuk ningal kanu nyaur kadirina, Dewi larasantang ngagabrug ka rakana nu tialit dugi ka ayeuna nembe patepang, Dewi larasantang nyaluuh ka Raden Kian Santang bari nangis.
“Kian santang ieu teh rayi hidep Dewi larasantang” Mahapatih Surya Kancana netelakeun yen nu nyaluuh kana lahunanana teh rayina.
“Aduh geningan pun rayi tos saageung kieu, teu uninga alitna ayeuna patepang parantos dewasa, kumaha damang rayi ?”
“ Alhamdulillah raka mas, rayi dipaparin kasehatan, dipengker kanjeng ibu nuju kadieu..”
Mahapatih Surya Kancana teu kiat ningal ka Raden Kian Santang sareng Dewi Larasantang anu sa ibu sarama nembe patepang dina mangsa rayina tos ageung samodel kieu, mangsa Raden Kian Santang sareng Dewi Larasantang nembrakeun ka kanyaah sareng neundeun ka asih, Dewi Kumala dongkap ka dinya disarengan ku Dewi Patmawati, Raden Kian Santang teras ngagabrug ka ibuna.
“Assalamualaikum kanjeng ibu…”
“ Waalaikumsalam raden, kumaha damang raden?, bagja hidep tiasa mulih deui ka Pajajaran,”
“ Alhamdulillah.. kanjeng ibu, pidu’a ti kanjeng ibu putra tiasa salamet dina lalampahan dugi ka ahirna mulih deui ka Pajajaran” saterasna Raden Kian Santang ngareret ka Dewi Patmawati anjeuna ngucapkeun salam ka Dewi Patmawati.
“Assalamualaikum “
“ Waalaikum salam” saur Dewi Patmawati, kaula ngantosan didieu kang mas, kaula ngiring sareng Raden Sembada kadieu, manawi teh dina waktu harita kang mas teras mulih ka Pajajaran nanging waktos kaula kadieu, kang mas teu aya didieu, hampura kang mas, lain kaula bade nganyenyerikeun, lain kaula mere kanyeri kasalira, teu acan oge rengse ucapan kaula kangmas enggalan ngejat tipayuneun sadayan.”
Raden Kian Santang ngahuleng ngaragameneng ngadangu sasauran Dewi patmawati, emut kan dirina, geningan dirina dina mangsa harita masih kabawa ku hawa napsu dunya, pedah dirina tos uninga kanu arti saenyana lampahna manusa ku teu sadar dina mangsa harita dirina teu wasa ngadangu sasauran Dewi Patmawati.
”Nuhun nyimas, mun teu kitu meureun dugi ka ayeuna kaula poho kanu arti hirup anu saenyana, kanu arti sajatina manusa anu sakuduna sagala diniatan ku lilahitaala, dimimitian ku ibadah, sareng deui meureun mangsana kaula ngalaman nu model kitu.”
“Kakang mas, naha salira masih keneh neundeun kadeudeuh, neundeun kanyaah, mikawelas, mika asih ka kaula?”
“Nya dina hate mah kadeudeuh kaula masih mandeuh, kanyaah, kacinta kaula kasalira masih keneh aya nanging kaula teu tiasa maksa naha salira siap, naha salira kersa pikeun ngajalanan hirup babarengan jeung kaula, tong ningali ayeuna kaula putra mahkota sabab jalan kahirupan kaula kahareupna teu apal bakal kumaha, naha kaula bakal tetep di Pajajaran atawa kaula bakal teras ngalalana, bakal kamana kaula teu apal “
“ Kang mas kaula ayeuna siap pikeun hirup sauyunan sareng salira, kaula bakal turut kasalira, bade ngiring kasalira, rasa kanyaah, rasa kacinta tos mandeuh kadiri salira.”
Kanjeng eyang, kanjeng ibu, kaula nyuhunkeun restu pikeun hirup babarengan sareng Dewi Patmawati.”
“Nya ayeunamah urang langsungkeun bae pertikahan Kian Santang, wartosan ramana Dewi Patmawati yen hidep bade nikah sareng putrina di Pajajaran, jig lumampah kaditu, pake garuda wisnu kancana pikeun nyandak ramana Dewi Patmawati kadieu,” kitu sasauran Mahapatih Surya Kancana.
Ahirna Raden Kian Santang lumampah nepangan ka ramana Dewi Patmawati, teras enggal mulih deui ka Pajajaran bari nyandak ramana Dewi Patmawati, nya ahirna Raden Kian Santang nikah sareng Dewi Patmawati di Pajajaran.

IMPENAN RADEN KIANSANTANG
Dibale rahayu tempat lelesona Prabu Siliwangi, Raden Kian Santang nepangan ramana “Assalamualaikum kanjeng rama, “
“ Waalaikum salam” Prabu Siliwangi ngajawab salam ti putrana, sanajan pamadeganana beda anjeuna tetep ngajawab ku ucapan salam eta sabab anjeuna ngarti kana sabenerna tujuan salam nyaeta doa kasalametan, “ aya naon kadieu raden nepangan kanjeng rama …?”
“ Aya hal anu bade didugikeun ku putra kakanjeng rama, “
“ Hal naon anu bade di dugikeun ku hidep ka kanjeng rama raden?”
“ Tadi wengi putra ngimpen aya dipangperangan, nanging putra teu nyandak sanjata, nu dicandak ku putra ngan saukur pakarang beberesih, nyaeta sapu pikeun meresihan runtah sareng kokotor, naon eta teh hartosna kanjeng rama ?”
“Pangperangan……, ayana pangperangan pasti aya hiji hal anu diparebutkeun, boh harta, boh tahta, boh naon wae bentukna anu diparebutkeun ku manusa, arinyana pada hayang pikeun meunang.”
“Nya naon eta teh hartosna kanjeng rama, geningan anu dicandak ku putra ngan saukur alat beberesih ?”
“Tah didieu raden, hidep ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah kabawa ku hawa napsu dunya, tadi ceuk kanjeng rama oge perang etateh ngudag tujuan, ngudag kahayang, dina hidep ngajalankeun lalampahan hirup pasti pinuh ku godaan, boh godaan harta, boh godaan tahta, tiasa wae godaan wanoja, kumaha carana pikeun hidep nyanghareupan hal nu model kieu, naha dina waktu perang hidep bakal milu perang atanapi pake eta alat beberesih teh pikeun hidep ngabersihan diri, ngandung harti ngarah hidep teu kabawa ku sakaba-kaba dina neangan kabagjaan di dunya jeung di aherat. Lamun eta alat beberesih geus dipake kudiri hidep, dina lalampahan hirup didunya teh pasti hidep ngahiji jeung sababaraha golongan, jeung jalma anu beda paham, jeung jalma anu beda pamadegan, jeung jalma anu beda-beda tujuan, lamun hidep teu dipake eta alat beberesih pikeun ngabersihan diri hidep sorangan, dina waktu hidep ngajalankeun lalampahan, pasti lalampahan hidep bakal kabawa ku sakaba-kaba, milu kaditu kadieu, teu puguh pamaksudan anu saenyana, sabab dina ngajalankeun kahirupan saenya-enyana manusa teh nyuhunkeun karidoan hyang widi.”
“Muhun kanjeng rama da, saenyana lalampahan manusa teh ku lilahitaala, eta tujuan manusa nu sabenerna, neangan karidoan gusti Allah.”
“ Tah anjeun geus uninga kana lalampahan manusa saenyana anu kudu aya didiri manusa, kedah silih asah, silih asuh, silih asih, ngasuh kadirina, ngasuh ka nu sapamadegan, sareng ngasuh kanu benten pamadegan, sabab dina pamadegan naon wae oge tos aya tatakrama, da hirup urang didunya teh henteu sorangan, urang kudu ngamasarakat, hirup dimasarakat anu benten paham, benten pamadegan jeung golongan, alat beberesih eta saaenyanamah ngabersihkeun rasa kageuleuh, rasa kangewa kajalma –jalma anu beda paham, beda pamadegan jeung nu beda golongan, sabab ku kabersihan hate, pikiran, ucapan jeung lalampahan manusa bakal ngarti kanu etika jeung tatakrama.”
“ Muhun kanjeng rama jadi hartos nu saenyanamah mereun urang teh kedah tiasa napak sancang, tiasa ngabaur, ngahiji, ngarakyat, tapi urang kedah emut yen manusa anu saenyana, lalampahan manusa teh keur ibadah, ku meresihan kokotor diri sorangan, ku meresihan kokotor batur, kudu silih elingan, kudu silih asah, silih asuh, silih asih, pangperangan dina impenan putra ngandung harti anu perang teh sarua napsu, saling serang, saling elehkeun, saling beubeutkeun jeung lawan, tah alat beberesih nu dicepeng ku putra saenyana mereun pikeun meresihan hawa napsu, hawa napsu jalma-jalma nu aya di pangperangan.”
“ Muhun raden, tah geningan hidep leuwih ngarti, jadi alat beberesih teh gunakeun pikeun ngabersihan hawa napsuna jalma sewang-sewangan.”
“Kumaha ngabersihanana kanjeng rama ?”
“Nya balik deui kajalma sewang-sewangan, kanu harti kawajiban manusa dialam dunya nyaeta pikeun ibadah anu saluyu jeung agama atanapi pamadegan manusa sewang-sewangan, pikeun ngudag karidoan hyang widi ceuk kanjeng rama mah, mereun ceuk hidep mah neangan karidoan gusti Allah.”
Ahirna Raden Kian Santang uninga kanu harti impenanana saparantos tukeur
pikiran sareng ramana. Teras Prabu Siliwangi nyarios deui :
“Contona kahirupan kanjeng rama sareng hidep anu beda pamadegan tapi tetep saluyu, ngahiji dikaraton Pajajaran , ngajalankeun kahirupanana sewang-sewangan, ngalakonkeun ibadah nurut kana aturan jeung katangtuan sara pamadegana sewang-sewangan.”
“muhun kanjeng rama jelas kauninga ayeunamah ku putra.”
“Tah kuhidep jadikeun conto sanajan beda pamadegan jeung kanjeng rama hidep hirup sauyunan, tapi ulah saukur jeung kanjeng rama bae, kabatur oge, kasasaha oge hidep kudu model kieu!,”
“Muhun Kanjeng rama “
“ Jig bejaan ku hidep Larasantang ngenaan kabersihan hate, pikiran, jeung ucapan anu didadasaran ku kajujuran sabab kawajiban hidep pikeun ngabimbing nu jadi adi.”
“Muhun kanjeng rama ayeuna putra bade pamit, bade kakaputren deui, Assalamualaikum..”
“Waalaikumsalam” ahirna Raden Kian Santang uninga kanu maksud impenanana, salajengna dirina mulih deui ka kaputren.

PRABU SILIWANGI NERANGKEUN ARTI TRISAKA KA RADEN KIANSANTANG SARENG KA DEWI LARASANTANG
Waktu Raden Kiansantang macangkrama sareng garwana, oge rayina, Prabu Siliwangi sareng Dewi Kumala dongkap nepangan.
“Assalamualaikum, “Dewi Kumala unjuk salam kanu aya didinya,
“ Waalaikum salam”sadayana ngajawab salam Dewi Kumala,
“Nuju naraon katingalna meni sumanget ngobrolna ku kanjeng ibu” Raden Kiansantang gumujeng “ naha make gumujeng raden” Raden Kiansantang teu tiasa ngajawab, dina rarayna katingal rasa era pikeun ngajawab, ahirna patarosan ibuna diwaler ku rayina,
“ Kieu kanjeng ibu, putri nuju naroskeun ka pun raka pangalaman keur lalampahan pun raka dugi ka raka Patmawati dongkap kadieu,”
Dewi Kumala gumujeng : “ tah kitu raden caritakeun nu saenyana lalakon lalampahan hidep ka rayi hidep pikeun jadi eunteung kadirina.”
“Muhun Kanjeng Ibu,” saur Raden Kiansantang
Prabu Siliwangi ngiring nyarios ka Dewi Larasantang : “Lara santang, hidep pasti ningali lalampahan raka hidep, da ngarana oge nu jadi lanceuk anu kudu diconto ku hidep, tapi nu dicontomah nu alusna bae, ulah nyonto kagorenganana, tapi wajar nu ngarana jalma mah pasti aya kagorenganana, bisi hidep hayang apal kanu jadi lanceuk, sifat nu jadi lanceuk, sabab hidep mimitina teu apal anu jadi lanceuk, anjeun apal kanu jadi lanceuk dina mangsa parantos rumaja putri, tah taroskeun bae ka Dewi Patmawati pasti anjeuna apal ka sifat lanceuk hidep,” Dewi Larasantang ngan saukur unggeuk bari gumujeng.
“Pamaksadan rama dongkap kadieu, kanjeng rama bade masrahkeun pusaka kasadayana nu aya didieu, hususna kahidep Kian Santang, “
“Pusaka naon kanjeng rama ?” Raden Kiansantang naros karamana.
“ Nu bade dipasihkeun ku kanjeng rama lain pusaka sanjata, lain pakarang tapi pusaka pikeun nguatkeun kahirupan putra !”
“Naon kanjeng rama eta pusaka teh dugi ka tias nguatkeun kahirupan putra, “
“Bekel hidep pikeun ngajalankeun kahirupan hidep bisi hidep poho kanu saenyana, tilu hal anu kudu diinget ku raden, anu kahiji :
Ngabaur, ngahiji ngarakyat, hidep sing tiasa ngabaur jeung ngahiji, ngarakyat sareng sadaya jalma, golongan naon wae oge, sabab hirup manusa teu bisa sosoranganan, soh dina hidep ngajalankeun kahirupan babarengan jeung nu sanes, hidep kudu bisa ngahiji, ngabaur jeung maranehna sanajan maranehna beda golongan, beda pamadegan, tapi sing inget hidep kudu tetep dina kayakinan sorangan, dina pamadegan sorangan, sok dina ngabaur, ngahiji, ngarakyat eta, pake etika tatakrama anu hade anu saluyu sareng pamadegan hidep. Anu kadua nyaeta Ngabuka, ngaluarkeun, ngasupkeun, anu hartina hidep kudu bisa ngabuka hate jeung pikiran anu dikaluarkeun ku ucapan, jeung asupkeun eta pikiran anu bener teh ku lalampahan, ngabuka potensi diri hidep, kamampuan hidep, kaluarkeun jati diri hidep tapi hidep kudu bisa oge ngasupkeun naon anu teu ka uninga ku hidep, ngasupkeun pendapat batur anu disaring ku hate jeung pikiran hidep, tah dina ngabuka, ngaluarkeun, ngasupkeun eta kedah disarengan ku kayakinan hidep, nyaeta Islam anu dianggem ku hidep. anu katiluna, Ngajaga, Dijaga, Siaga, nyaeta hidep kudu bisa ngajaga diri hidep, ngajaga pamadegan hidep, ngarah teu kabawa kusakaba-kaba, jeung hidep kudu siaga, nyaeta hidep kedah tiasa ngajaga diri bisa aya hal anu teu diharepkeun datang kadiri hidep, ngarah teu reuwas lamun aya hal anu teu dipiharepkeun datang kadiri hidep, sapertos lalampahan hidep di karajaan Demak, kanyataan beda jeung nu diharepkeun ku hidep, ngajaga, dijaga, soge hidep sing tiasa ngajaga perasaan diri sorangan, ngajaga perasaan batur, ngajaga hate sorangan, ngajaga hate batur, intinamah eta yen saenyana dina urang ngajalankeun hirup teh kudu waspada, dina ngajalankeun kahirupan urang eta oge kudu dibarenganku kayakinan hidep, tah nu tilu eta. ngabaur, ngahiji, ngarakyat, ngabuka, ngaluarkeun, ngasupkeun, ngajaga, dijaga, siaga dina ngajalankeunana dibarengan ku hiji kitab, nyaeta kitab suci dumasar kana kayakinan pamadegan hidep, sabab eta anu jadi dasar dina hidep ngajalankeun tilu pusaka eta, nu ku kanjeng rama disebutna Tri Saka “
“Muhun kanjeng rama, putra ngartos kana ucapan kanjeng rama, ngartos kanu maksud trisaka eta.”
“Naha Raden nu tilu eta teh aya nu kaluar atawa teu saluyu jeung pamadegan hidep?”
“Diemut ku putra geningan teu aya nu kaluar tina pamadegan putra, sadayana saluyu sareng kayakinan putra,”
“Larasantang, Patmawati, sok ku hidep oge lenyepan arti nu saenyana, ngarah hidep uninga kana sajatina jalma, oge raden, hidep kudu inget kanu arti kujang raga kusuma,”
Raden Kiansantang kabuka hate jeung pikirna emut nuju lalampahan di karajaan Demak, geningan enya henteu sakabeh jalma sagala kahayangna kudu kacumponan, dina mangsa harita geningan dirina teu siap jeung poho, teu bisa narima kanu kanyataan, emut kanu kecap siaga anu diterangkeun ku ramana, ceuk pamikirna ucap eta anu kedah diemut ku manusa salamina, teras nyarios : “Nuhun Kanjeng rama, mugi-mugi putra tetep inget kanu tilu eta mustika ti kanjeng rama pikeun putra, pikeun bekel lalampahan hirup putra.”
“Tah kitu raden, tapi sakali deui ku kanjeng rama ditegeskeun, hidep dina lalampahan ulah kaluar dina pamadegan hidep, kudu saluyu jeung aturan-aturan anu aya dina pamadegan hidep.” Saparantos Prabu Siliwangi nerangkeun arti trisaka ka sadayana, nu aya didinya sadayana macangkrama bari hareureuy.
PRABU SILIWANGI NYANDAK RADEN KIANSANTANG KATEMPAT PRABU SILIWANGI SARENG RAMANA
Dina mangsa tengah peuting nu sepi jempling, Prabu Siliwangi nepangan ka Raden Kiansantang.
“ Raden aya hal anu ku hidep kudu kauninga,”
“Perkawis naon kanjeng rama ?”
“Hayu ayeunamah milu sareng kanjeng rama”
“Kamana …..?”
“Katempat kanjeng rama baheula”
“Iraha kanjeng rama ?”
“Nya ayeuna pisan mangsana”
“Naha kedah tengah wengi kieu kanjeng rama ?”
“Ngarah teu ngaganggu kabatur”
“Hayu atuh kanjeng rama”
“Sok cekel leungeun kanjeng rama ayeuna terus pereumkeun soca, sok hidep sumerah pasrah rumasakeun teu bisa nanaon, rumasakeun teu daya teu upaya, bersihkeun hate jeung pikiran, “
Ahirna Raden Kiansantang ngalaksanakeun naon nu diucapkeun ku Prabu Siliwangi “ sok raden, meredih kanu maha asih, menta kanu maha suci, supaya urang aya ditempat padumukan kanjeng rama baheula.”
Ahirna dina waktu sakiceup, sakolebat, sajorelat, Prabu Siliwangi sareng Raden Kiansantang aya ditempat padumukan Prabu Siliwangi baheula : “ raden, buka soca hidep, tong reuwas upami tos ningali kaayaan didieu” ahirna Raden Kiansantang muka socana , katingal kudirina, ayeuna dirina tos aya di hiji leuweung tempat pangdumukan ramana baheula.
“Dimana ieu teh kanjeng rama?”
“Tah ieu tempat kanjeng rama baheula, timimiti laeutik kanjeng rama didieu jeung aki hidep.”
“Saha pun aki teh kanjeng rama ?”
“ Aki hidep teh nyaeta Wastu dana Citra, atanapi Pandita Arya Darma Gandi,“ ahirna Prabu Siliwangi nyaritakeun lalampahan Wastu dana Citra sareng ngabejakeun ka raden Kiansantang nu saenyana yen akina teh saenyana putra mahkota Pajajaran dugi ka akina miang ti Pajajaran nyandak Prabu Siliwangi ka ieu tempat, katingal ku Raden Kiansantang hiji saung, dina pangemutna meureun ieu saung teh padumukan akina sareng ramana, ngadangu caritana Prabu Siliwangi, Raden Kiansantang leuleus, gerentes hatena ceurik dugi ka ngagabrug ka ramana.
“Kunaon Raden ?”
“Teu kaemut ku putra kanjeng rama, hiji putra mahkota daek hirup leuleuweungan, ngajauhan tina karamean, padahal dirina teh putra mahkota anu gaduh hak narima tahta karajaan.”
“Tah didieu kanjeng rama di gembleng, dibina mentalna, diasah pangartina, ngalaman peurih, ngalaman sangsara, balangsak di ieu tempat, sabab lamun kanjeng rama teu ngalaman sangsara jeung balangsak, saur aki hidep kanjeng rama moal ngarti kanu hirup anu saenyana, yen di dunya teh teu sadayana jalma beunghar jeung teu sadayana jalma sangsara, silih ganti rasa kasenang jeung kasusah jadi warna dinu kahirupan manusa.”
Raden Kiansantang ayeuna kaemut kudirina pamaksadan ramana nyandak kaieu tempat nyaeta ngabejaan kadirina lamun hiji mangsa dirina jadi pamingpin dirina kudu ngarti kanu kahirupan rahayat anu saenyana, yen rahayat teh pasti aya nu senang jeung nu sangsara, ngandung harti aya nu beunghar jeung nu teu boga.
“Sok pikiran ku hidep, kumaha carana pikeun nyanghareupannana,”
“Kanjeng rama nu kaemut ku putra boh nu beunghar boh nu teu boga, sakedahnamah kudu silih asah, silih asuh, silih asih, nu beunghar mantuan nu teu boga, ku hartana, nu teu boga mantuan nu beunghar kujasana atanapi ku pagaweanana, tapi nu beunghar jeung nu teu boga kudu tetep inget kanu hak-hakna manusa nu saenyana, etika-etikana ngarah dina silih asah, silih asuh, silih asihna timbul gawe nu rancage dina ngajalankeun kahirupanana,” saparantos ngadangu kitu, Prabu Siliwangi ngagabrug ka Raden Kiansantang.
“Bagja raden, hidep ayeuna geus ngarti ka palebah dinya, ngarti kanu arti hirup anu saenyana, mudah-mudahan kabersihan hate, pikiran, ucapan lalampahan jeung pangarti anu jadi ciri eta, anu jadi jati diri hidep nyarta jati diri nu sampurna,” saparantos Prabu Siliwangi nyarios kitu ahirna Prabu Siliwangi sareng Raden Kiansantang mulang deui ka Pajajaran.

RADEN KIAN SANTANG DIPIWARANG MILARIAN PANCAWIBAWA KU MAHAPATIH SURYA KANCANA
Dikaraton Pajajaran, dipayuneun para senopati, para pinisepuh karaton Pajajaran, Prabu Siliwangi sareng Mahapatih Surya Kancana nyaur ka Raden Kiansantang.
“ Asalamualaukum raden,” saur Mahapatih Surya Kancana
“Waalaikum salam, aya perkawis naon eyang patih putra dipiwarang sumping kadieu”
“Mangga bae raden taroskeun ka rama Prabu ?”
“Rama Prabu aya perkawis naon nu saenyana putra dipiwarang kadieu ?”
“Raden geus waktuna hidep kudu ngarti kumaha carana pikeun mimpin karajaan, da hidep teh putra mahkota, meureun katingal ku hidep kumaha kaayaan karaton Pajajaran, sadayana ngabahu reksa pikeun ngawangun Pajajaran”
“Muhun rama prabu, ku putra katingali sadayana ngajalankeun tugasna sewang-sewangan.”
“heg raden, kumaha hidep, terserah hidep, kumaha carana ngawangun Pajajaran, sabab hidep ge kudu boga pola pikir sorangan, ayeuna hidep ningali kakanjeng rama, pola pikir rama prabu dina mingpin Pajajaran model kieu, hidep ge sing bisa boga pola pikir sorangan, jadi tah didieu ngabuka, ngaluarkeun jeung ngasupkeun teh, nyaeta ngabuka pola pikir hidep, ngaluarkeun pola pikir hidep ku lalampahan dina ngurus nagara sareng ngasupkeun naon nu geus dilakukeun rama prabu jeung nu sanesna pikeun bahan hidep supaya dikembangkeun ku pola pikir hidep.”
“Dina pamikiran putra rama prabu, putra bade ngalakukeun sapertos anu dilakukeun ku rama prabu dina ngurus nagara.”
“Teu menang kitu raden, sabab hiji mangsa jaman robah, bisa jadi naon nu dilakukeun ku rama prabu ayeuna teu sarua jeung mangsa datang nu bakal kaalaman.”
“Teras kedah kumaha atuh rama prabu ?”
“ Sok weh pikiran ku hidep ti ayeuna raden,”
Ahirna Mahapatih Surya Kancana ngawaler patarosan Raden Kiansantang, “Raden, ayeunamah ku hidep teangan bae heula arti nu saenyana Panca Wibawa.”
“Kamana putra milarianan eyang patih”
“heg hidep neang dimana bae, kamana bae terserah hidep, tapi ayeunamah teang weh heula di Pajajaran, da di Pajajaran oge aya, jig miang pikeun milarian arti panca wibawa.”
Ahirna Raden Kiansantang pamit kasadayana pikeun miang milarian arti panca wibawa, “Assalamualaikum… kasadayana.”
“Waalaikumsalam” sadayana ngabales salam raden Raden Kiansantang .
Saparantos ti karaton Pajajaran tegesna ti singgasana Prabu Siliwangi, Raden Kiansantang nepangan garwana Dewi Patmawati sareng rayina Dewi Larasantang, Dewi Patmawati sareng Dewi Larasantang nuju ngariung sareng ibuna di bale rahayu.
“ Assalamualaikum” Raden Kiansantang dongkap kadinya sareng ngucapkeun salam ka sadaya nu aya didinya.
“Waalaikum salam” sadayana ngawaler salam Raden Kiansantang.
“ Aya naon raden ?” ibuna naros ka Raden Kiansantang.
“Putra bade miang kanjeng ibu, bade milarian arti panca wibawa piwarang ku kanjeng eyang Surya kancana,”
“Bade miang kamana raden ?”
“Teu kamana-mana mung sabudeureun Pajajaran, nyaeta ka wewengkon-wewengkon Pajajaran, nyimas putri kangmas bade miang, naha nyimas bade ngiring sareng kangmas atanapi bade didieu wae ?”
“Kangmas, nyimas bade ngiring sareng kangmas, nyimas bade nyarengan kang mas pikeun milarian arti panca wibawa,”
“Raka mas, dinda putri hoyong ngiring sareng kang mas?”
“Dinda putri kangmas teu tiasa nangtukeun, mangga wae nyarios ka kanjeng Ibu, nu ngawidian dinda putri ngiring sareng raka mas ?”
“Mangga bae dinda putri”
“Nuhun kanjeng Ibu parantos ngawidian dinda putri ngiring sareng raka mas,”salajengna sadayana pamit ka Dewi Kumala pikeun miang milarian panca wibawa.
“assalamualaikum..” sadayana ngucapkeun salam ka Dewi Kumala.
“Waalaikumsalam” Dewi Kumala ngawaler salam ti sadayana.

RADEN KIANSANTANG TEPANG SARENG DATUK LARANGTAPA ATANAPI DATUK KUMBANG
Saparantos pamit ka ibuna, Raden Kiansantang, Dewi Patmawati sareng Dewi Larasantang kaluar ti karaton Pajajaran, sadayana lumampah asup kapakampungan, kaluar ti pakampungan, dugi ka hiji tempat Raden Kiansantang ningali aya anu keur galungan, nyaeta adipati Seta Mandala, anjeuna salah sahiji adipati di wewengkon Pajajaran dibantosan ku para pangawalna nuju ngarempug hiji jalma anu ku aranjeuna teu uningaeun saha-sahana, eta jalma sanes urang Pajajaran, ningal kaayaan kitu, Raden Kiansantang ngiring lebet ka pakalangan anu maksadna bade ngeureunkeun anu keur galungan, sabab anjeuna alim di Pajajaran aya kaributan, saparantos lebet kapakalangan adipati Sta Mandala ningal yen nu lebet kapakalangan Raden Kiansantang putra mahkota Pajajaran, ahirna sadayana caricing dina galungan.
“Assalamualaikum,” Raden Kiansantang ngucapkeun salam kasadayana,
“Waalaikum salam…” anu ngartos kana ucapan salam ti Raden Kiansantang ngajawab salam Raden Kiansantang.
“Aya naon ieu teh bet galungan bari jeung hiji lawan ku lobaan.
“Ampun raden, kaula sanes bade nyieun kaributan nanging kaula sieun ieu jalma teh sanes ti Pajajaran, bisi aya hal-hal anu teu diharepkeun anu nyieun kakacauan di Pajajaran”
“Naha carana kudu galungan, naha salira tos naros saha-sahana ka ieu jalma, timana asalna, aya naon jeung naon dongkapna kadieu?”
“Ampun raden, kaula rumaos henteu naros model kitu?”
“Tah tong salah kaprah, urang teh kudu malapah gedang, tembongkeun yen urang teh hiji nagara anu gaduh etika, anu gaduh adab,”
“Assalamualaikum…” Raden Kiansantang bari ngucapkeun salam ka hiji sepuh anu tadi diserang ku adipati Seta Mandala sareng pangawalna.
“Waalaikumsalam” jawab eta sepuh.
“Saha ari salira teh kisilah, timana asalna, bade kamana jeung bade naon?”
“Ngaran kaula datuk Larang Tapa atawa datuk Kumbang, kaula ti pulo sebrang nyaeta pulo Andalas, maksad kaula saenyana kaula teh nuju ngalalana, nuju bubuara, hampura kaula tadi ngalawan sabab kaula ngajaga diri, sanes kaula jajagoanan di ieu tempat.”
“Muhun kisilah, kitu oge hampura naon anu dilakukeun ku adipati Seta mandala sareng pangawalna kasalira”
“Sami-sami kisilah, naha kaula kenging uninga kasalira, saha nami sareng timana asalna ?”
“Nami kaula Kian Santang ti Pajajaran “
“Ari eta dua istri nu sareng salira saha ?”
“Ieu pun bojo Dewi Patmawati sareng ieu pun rayi Dewi Larasantang”
“Kian santang kaula kataji ku kabijaksanaan salira, sanajan salira teu uninga ka kaula tapi naon nu dilakukeun ku salira nyaeta hiji etika, hiji adab kasasama, naha salira nganggem pamadegan nu namina Islam ?”
“Kunaon salira naros kitu kakaula ?”
“Nya kaula ngadangu salam anu di ucapkeun ku salira “
“kitu oge sabalikna naha salira sapamadegan sareng kaula ?”
Ngadangu obrolan Raden Kiansantang sareng datuk Larangtapa Adipati Seta Mandala pamit ka Raden Kiansantang sareng Datuk Larang Tapa.
“Raden hampura kaula, oge ka salira kisilah, hampura kaula rumaos salah timimiti kedahnamah kaula naros heula ka salira “
“teu nanaon da kawajiban salira anu nyepeng ieu wewengkon pikeun ngajaga kaamananana.” Saur datuk Larangtapa.
“Nuhun kisilah, mangga raden, kisilah, kanjeng putri kaula bade pamit, “
ahirna adipati Seta Mandala mulih deui katempatna, salajengna Raden Kiansantang, Dewi Patmawati, dewi larasantang sareng datuk larang tapa ngobrol bari calik dihiji batu sisi walungan.
“Kiansantang hidep teh saha nu saenyana, geningan tadi anu nyerang kaula nyebat raden kasalira ?"
Raden Kiansantang gumujeng “ah kaulamah sanes sasaha, saenyana kaulamah jalmi biasa anu keur ngajalankeun kahirupan di alam dunya.”
“Muhun kaula ge sami jalmi anu keur ngajalankeun kahirupan di alam dunya, nanging kaula hayang uninga silsilah hidep saenyana “
“Kaula teh putra kanjeng rama Prabu Siliwangi, tah ieu rayi kaula Dewi larasantang, sareng nu ieu bojo kaula Dewi Patmawati”
“lamun hidep putra Prabu Siliwangi mah meureun hidep teh putra mahkota “
“nya leres pisan datuk.”
“Tapi keur naon atuh hidep kaluar ti karaton ?”
“Saenyana kaula teh nuju milarian arti panca wibawa, naha datuk uninga kana hartos panca wibawa ?”
Datuk larangtapa gumujeng : “ panca teh lima, ari wibawa teh kahormatan, etamah kumaha hidep cara neang wibawa, ngandung harti laku lampah hidep anu mawa hidep dipikahormat ku batur, dipikanyaah ku batur jeung lain sajabana, contona model tadi, naon nu dilakukeun ku hidep, hidep tiasa bijaksana, kaula jadi segan kasalira, ku lampah hidep nu model kitu, salira boga etika jeung tatakrama kasasama kanu wawuh jeung kanu teu wawuh, jadi etika salah sahijina dina panca wibawa.”
“Mereun eta datuk salah sahijina dina panca wibawa teh”
“Nya muhun raden…., tah ayeuna naha hidep ngijinan ka kaula pikeun nyarengan hidep milarian arti panca wibawa ?”
“mangga wae datuk ari salira kersamah, nuhun pisan bade nyarengan kaula”
Saparantos kitu Raden Kiansantang, Dewi Patmawati, dewi larasantang disarengan datuk Larang Tapa neraskeun deui lalampahan pikeun milarian arti panca wibawa nu sanesna.

RADEN KIANSANTANG NGAHIJIKEUN DUA PAKAMPUNGAN
Raden Kiansantang, Dewi Patmawati, Dewi larasantang sareng datuk larangtapa nu keur neruskeun deui lalampahanana pikeun milarian arti panca wibawa dugi kahiji pakampungan di tungtung wewengkon Pajajaran, didinya dieta pakampungan nuju aya sengketa sareng pakampungan nuaya disabeulahna, ngarebutkeun hiji jalmi pikeun mingpin pakampunganana, nyaeta nu namina Arya Wiralaga jalmi anu keur diparebutkeunana, kumargi Arya Wiralaga katingal ku dua pakampungan eta anu tiasa pikeun jadi pamingpin, anjeuna asalna ti pakampungan Buana Loka tapi anjeuna nikah ka istri anu asalna ti pakampungan Tirta Buana, dina mangsa harita eta dua pakampungan teh nuju teu aya nu mimpin, di dua pakampungan eta teh ngaharepkeun hiji pamingpin anu tiasa mingpin pakampunganana, kusabab Arya Wiralaga ti pakampungan Buana Loka anjeuna dipundut ku sadayana masarakat buana loka pikeun mimpin daerahna, tapi dipakampungan istrina oge nuju ngabutuhkeun hiji pamingpin pikeun mingpin daerahna, dugi ka ahirna ku rahayat pakampungan Tirta Buana oge Arya Wiralaga dipundut pikeun kersa mingpin pakampunganana.
Dihiji padepokan nu aya diantara dua pakampungan eta Arya Wiralaga sareng para tokoh masarakat Buana Loka katut tokoh masarakat Tirta Buana nyawalakeun sareng nyuhunkeun pikeun Arya Wiralaga mutuskeun bade mingpin pakampungan anu mana.
“Arya Wiralaga anjeun teh ti Buana Loka asalna, ayeuna pakampungan hidep nuju ngabutuhkeun ayana pamingpin, nah hidep kersa mingpin di Buana loka tempat asal hidep ?” ceuk salah saurang tokoh ti pakampungan Buana Loka.
“hampura kaula teu acan tiasa pikeun mingpin Buana Loka tempat asal kaula, sabab kaula oge dipundut kersana kusadaya warga Tirta Buana tempat asalna bojo kaula pikeun mingpin pakampungan eta.” Arya Wiralaga bingung mana nu kudu dipilih kudirina, pakampungan tempat asalna atanapi pakampungan tempat asal garwana.
“Wiralaga lamun embung pikeun mimpin Buana Loka, mana bakti hidep ka pakampungan tempat asal hidep, sabab kawajiban hidep pikeun nyeungitan tempat asal hidep, ngawangun tempat asal hidep.”
“Muhun, memang kawajiban kaula pikeun nyeungitan asal padumukan kaula, asal tempat kaula, ngawangun jeung bakti ka pakampungan anu jadi tanah kalahiran kaula, nanging kaula bingung di Tirta Buana oge nuju ngabutuhkeun kaula, tempat padumukan kaula ayeuna sareng pun bojo.”
“Wiralaga, lamun hidep embung mimpin Tirta Buana jig geura balik ka Buana Loka, tapi hidep tong mawa bojo hidep, “ saur rama garwana, Arya Wiralaga bingung ngadangu sasauran rama garwana, sadaya nuaya didinya ngahuleng ngaraga meneng ningal kabingung Arya Wiralaga.
“Mangga bae atuh kusaha bae pikeun mingpin pakampungan Buana Loka sareng Tirta Buana teh, ayeuna kaula mutuskeun teu bisa mingpin pakampungan Buana Loka atanapi Tirta Buana,”
“Wiralaga lamun kitumah carana hidep teu boga tanggung jawab katempat pakampungan asal hidep, hidep teu bisa mingpin pakampungan tempat asal hidep teh alatan pakampungan Tirta Buana,”
“sanes kitu kanjeng rama, teu kenging gaduh pamikiran model kitu, mereun kauninga ku kanjeng rama di Tirta Buana oge nuju ngaharepkeun pamingpin, lamun kaula mingpin Buana Loka mana tanggung jawab kaula kanu jadi bojo, tapi lamun kaula mingpin Tirta Buana mana tanggung jawab kaula pikeun ngamumule tempat asal kaula, ngawangun tempat asal kaula, bakti katempat asal padumukan kaula, sadayana dua kawajiban anu kudu dilakukeun ku kaula.”
Sadayana bingung pikeun mutuskeunana, bisa wae sadayana milarian nu sanes pikeun mingpin pakampungan sewang-sewangan, nanging ceuk pamikiran aranjeuna, ceuk pangemut aranjeuna, anging Arya Wiralaga nu tiasa ngamajukeun pakampungana sewang-sewangan, dina waktu sadayana nuju ngahuleng ngaraga meneng, Raden Kiansantang sareng nu sanesna nyaeta garwana, rayina sareng datuk Larang Tapa sumping kadinya.
“ Assalamualaikum…” saur Raden Kiansantang kasadaya nu aya didinya, anging nu ngartos nu ngajawab salam ti Raden Kiansantang, teu disangka Arya Wiralaga ngagabrug nangis ka Raden Kiansantang.
“ Kunaon Wiralaga, aya naon nu saenyana ?”
“Kaula nuju bingung raden..” ahirna Arya Wiralaga ngajelaskeun anu saenyana kajadian antara pakampungan Buana Loka sareng Pakampungan Tirta Buana.
“daripada hidep bingung, daripada sadayana bingung, boh ti Buana Loka boh ti Tirta Buana, kumaha lamun hijikeun wae dua pakampungan teh, heg pimpin ku hidep Wiralaga ?” sadayana teu tiasa nolak kana ucapan Raden Kiansantang pikeun ngahijikeun dua pakampungan.
“Raden Upami dua pakampungan dihijikeun, kaula hoyong nami eta pakampungan nyaeta dua pakampungan anu dihijikeun, dinamian Buana Loka “ saur tokoh masarakat ti Buana loka.
‘Ah teu tiasa upami dihijikeun dua pakampungan ieu kaula hayang nami pakampunganana Tirta Buana “ ti dua pihak eta pakampungan hoyong ngangge nami pakampungan masing masing upami dihijikeun.
Ahirna Raden Kiansantang nyarios : “ daripada hoyong nami pakampungan asalna, jadi nami anu dua pakampungan dihijikeun, ku kaula dipasihan nami Tirta Loka.”
Sadayana ahirna nyatujuan pikeun ngahijikeun pakampungan sareng dinamian pakampungan Tirta Loka, ahirna para tokoh masarakat marulih deui katempatna sewang-sewangan, nanging Arya Wiralaga teu langsung mulih.
“Nuhun raden, raden tiasa pikeun nulungan ka kaula, ayeuna kaula kedah kumaha mimpin pakampungan eta bisi kaula teu tiasa adil ?”
“ anu nganilai adil jeung henteunamah masarakat sadaya, kumaha hidep, balik deui ka diri hidep, hidep kedah tiasa pikeun bijaksana kumaha kawajiban salaku pamingpin karahayatna sanajan asalna misah atanapi asalna dua pakampungan, tapi ayeunamah geus ngahiji, sok pimpin kumaha carana pikeun ngamumule pakampungan ayeuna”
“Muhun raden, hatur nuhun”
“Tah ayeuna jadikeun ieu tempat teh anu ayana diantara dua pakampungan eta pikeun jadi padumukan hidep,”
“Muhun raden ayeuna kaula bade pamit, “ ahirna Arya Wiralaga mulih katempatna.
Datuk Larang Tapa gumujeng : “ tah ieu oge salah sahijina panca wibawa raden, hidep tiasa pikeun ngajaga peperangan antara dua pakampungan, oge hidep tiasa nulung ka sasama nyaeta ka Arya Wiralaga anu nuju bingung, tah kuatkeun rasa kasatuan ka masarakat sadayana, oge tanamkeun kaadilan pikeun ngurusna nyaeta ku kabijaksanaan, ku tata cara ngamumule nagara, sapertos anu dilakukeun ku salira bieu, tah nu tadi salah sahijina, nyaeta ngajaga persatuan jeung ngemutan kumaha cara ngamumulena supados sadayana sajalan sareng anu saenyana.”
“Muhun datuk, ayeuna kaula jadi tambah ngarti kana arti panca wibawa anu saenyana,” saparantos kitu Raden Kiansantang ngajak kasadayana nyaeta garwana, rayina oge datuk Larang tapa pikeun mulih ka karaton Pajajaran.

AMANAT PRABU SILIWANGI SARENG MIANGNA RADEN KIANSANTANG, DEWI PATMAWATI SARENG DEWI LARASANTANG KA TANAH ARAB
Saparantos milarian arti panca wibawa, Raden Kiansantang disarengan ku datuk Larang Tapa nepangan Prabu Siliwangi sareng Mahapatih Surya Kancana di bale tunggal wibawa.
“Assalamualaikum…” Raden Kiansantang sareng datuk larang tapa ngucapkeun salam ka Prabu Siliwangi sareng Mahapatih Surya Kancana.
“Waalaikumsalam..” Prabu Siliwangi sareng Mahapatih Surya Kancana ngajawab salam ti Raden Kiansantang sareng datuk larang tapa.
“Kumaha raden, tos kapendak arti panca wibawa teh ?” saur Mahapatih Surya Kancana.
“ Dina lalampahan putra kanjeng eyang, putra ngalaman kajadian anu saur datuk larang tapa eta salah sahiji arti panca wibawa, tah ieu jalmina datuk larang tapa teh kanjeng eyang, kanjeng rama .“
“Nuhun kaula tos ditepangkeun sareng gusti prabu Silliwangi, sareng ka Mahapatih Surya Kancana, kaula Datuk Larang Tapa ti pulo Andalas,”
“Sami-sami bagja kaula tiasa tepang sareng salira “ saur Prabu Siliwangi, teras Prabu Siliwangi naros ka Raden Kiansantang : “naon nu kaalaman ku hidep, naon wae cenah arti panca wibawa teh raden hiji-hijina ?”
“ Anu katarima ku putra sareng anu di jelaskeun ku datuk larang tapa salah sahijina nyaeta urang teh kudu boga etika, kudu boga tatakrama, kudu boga adab kadiri sorangan jeung kabatur, intinamah tatakrama jeung etika kasasama manusa sagalana kudu malapah gedang, dina nyanghareupan hal naon wae oge, saterasna dina diri urang teh kedah ditanamkeun sareng numbuhkeun dina hate nyaeta rasa ngahiji sanajan beda paham, beda golongan sabab ceuk dina keterangan oge urang teh diwajibkeun ukuwah Islamiyah, mageugkeun tali silaturahmi, nangaing saterasnamahetamah pikeun nagara anu kedah ngagaduhan cara atanapi sistim, kumaha carana pikeun ngurus nagara anu saluyu jeung adat istiadat nagarana, tah eta kanjeng eyang oge kanjeng rama anu kapanggih ku putra dina lalampahan teh.”
Mahapatih Surya Kancana gumujeng, “bagja raden, hidep geus ngarti palebah dinya, tah eta pisan hijina panca wibawa teh nangaing saenyana nu disebutkeun ku hidep eta teh nembe sabagian, tegesna nembe tilu bagian, ari panca teh lima, ari wibawa teh kahormatan, nyaeta lima cara pikeun meunangkeun kawibawaaan jeung kahormatan.”
“Dupi anu sanesna naon atuh kanjeng eyang?”
“anu sanesna, mangga bae taroskeun kakanjeng rama ?”
“ Kanjeng rama naon deui anu sanesna panca wibawa teh ?”
“ Kanjeng rama bade masihan anu terahir bae nyaeta anu kalima, pasti aya atanapi kapanggih, mun nusanesna geus ka jalankeun, nu kalima pasti ngawujud jadi tegesna nu terahir mah teu kudu diteangan sabab anu terahirmah tujuan anu saenyana nyaeta kaadilan pikeun sadayana, heg hiji deui ku hidep teangan raden?”
“ Dimana atuh ayana kanjeng eyang ?”
“ Mangga pilarian ku salira raden ?”
“ Datuk, naha datuk uninga anu sanesna, hiji deui panca wibawa anu kudu dipilarian ku kaula “
“Nu hiji deui ayana didiri salira raden”
“ Maksadna kumaha datuk?”
“ Ngarah salira leuwih uninga, mangga bae salira miang ka tanah arab,”
“ Kanjeng eyang,kanjeng rama putra nyuhunkeun restu pikeun miang ka tanah Arab bade milarian arti panca wibawa anu sanesna ?”
“ Mangga bae raden, ku kanjeng rama direstuan, ajakan rayi hidep Lara santang pikeun sareng lumampah jeung hidep.”
“Muhun kanjeng rama.., datuk kaula bade miang ka tanah arab, naha salira bade ngiring sareng kaula atanapi bade di dieu wae di Pajajaran?”
“Kaula teu tiasa mutuskeun kumaha salira raden,”
“Datuk lamun salira kersamah didieu heula di Pajajaran “ saur Prabu Siliwangi.
“Mangga bae gusti Prabu, kaula bade ulun kumawula didieu,”
“Kanjeng rama, kanjeng eyang, oge kasalira datuk, putra ayeuna keneh bade pamit bade miang katanah arab.”
“Bral lumampah raden, mudah-mudahan naon nu diteangan ku hidep tiasa kapanggih, kanjeng rama ngadu’akeun hidep sing salamet.”
“ Kanjeng eyang oge ngadu’akeun, mugi-mugi gusti Allah nangtayungan ka hidep pikeun lalampahan, sareng hidep tiasa salamet tiasa dongkap deui ka Pajajaran.”
“Kaula oge ngadoakeun mugi tiasa salamet,”
“Nuhun kanjeng rama, kanjeng eyang oge datuk, ayeuna kaula bade lumampah, Assalamualaikum…kaula pamit kasadayana”
“Waalaikum salam” sadayana ngajawab salam ti Raden Kiansantang, ahirna Raden Kiansantang miang ka tanah arab disarengan ku Dewi Patmawati oge Dewi Larasantang.

PIAGAM MADINAH
Saparantos pamit kasadayana nuaya di Pajajaran, Raden Kiansantang, Dewi Patmawati sareng Dewi Larasantang miang katanah arab nunggang garuda Wisnu Kancana , di perjalanan Raden Kiansantang sareng sadayana ningal kaendahan dunya anu sakieu legana, geninganan nu saenyana manusa teh hirup di tengah-tengah lautan, kumaha lamun titincakannana ngerelep ka laut, kumaha lamun taneuh ngerelep ka laut, naha manusa sanggup pikeun hirup, bumi anu jadi titincakan manusa, taneuh anu jadi amparan pikeun manusa ayana, anceug pageuhna tiasa aya ditengah-tengah lautan, mereun ku kersana gusti Allah, urang kudu sukur, urang kudu inget kanu nyipakeun sabab dina kahirupan urang dibere panincakan atawa dadasar pikeun ngalalampahna manusa.
Dugi ka ahirna Raden Kiansantang nincakeun dirina di tanah arab, ditanah arab Raden Kiansantang sareng sadayana lebet ka kota Mekah, didinya aranjeuna ngalaksanakeun kawajiban Islam nu kalima nyaeta ngalaksanakeun ibadah haji, saparantos ngalaksanakeun ibadah haji Raden Kiansantang teras lumampah ka kota Madinah, anjeuna lumampah pikeun milarian panca wibawa nu sanesna, anu saur datuk larang tapa ayana di tanah arab.
Ahirna Raden Kiansantang sareng sadayana ningal hiji prasasti di kota Madinah nyaeta anu disebut Piagam Madinah tea, dina prasasti eta disebatkeun kawajiban pikeun ngajalankeun syariat Islam anu saluyu sareng hukum sareng katangtuan syara, dina pangemut Raden Kiansantang lalampahan manusa didunya ngajalankeun kahirupanana saenyana pikeun ibadah, kumaha carana, mereun nyaeta ku wajib ngajalankeun syariat ieu, sabab pamadegan anu dianggem nyaeta Islam, sabab pamadegan anu nungtun ka manusa pikeun lalampahan anu bener anu mawa dirina salamet dunya jeung aherat, mereun ieu salah sahijina arti panca wibawa teh, nyaeta kawajiban pikeun ngalaksanakeun Islam anu nungtun manusa ngarti kanu saenyana.
Saparantos ningal Piagam Madinah Raden Kiansantang sareng sadayana teras lalampahan ningal sajarah-sajarah, ningal kaanehan-kaanehan nu aya di tanah arab, dugi ka ahirna tepang sareng jalmi ti karajaan anu aya di tanah mesir, nyaeta hiji raja mesir anu parantos ngajalankeun ibadah haji, anu namina Abu Habibi.
“ Assalamualaikum…” Abu habibi ngucapkeun salam ka Raden Kiansantang sareng sadayana.
“Waalaikum salam..” sadayana ngajawab salamna Abu Habibi.
“Kisilah, kaula kataji ningal anggean anu dianggo ku salira, kaula nembe ningal anggean model kieu,’ Abu habibi kataji ningal anggean anu di angge ku Raden Kiansantang, nyaeta anggean putra mahkota Pajajaran.
“nami kaula kian santang kisilah, ieu bojo kaula Dewi Patmawati, sareng ieu pun rayi Dewi larasantang, ari nami kisilah saha, timana asalna ?”
“Nami kaula Abu Habibi, ti karajaan anu aya di tanah Mesir, salira timana asalna Kian Santang ?”
“ Kaula ti Pajajaran nyaeta nu aya di tanah sunda “ saterasna Dewi Patmawati sareng Dewi Larasantang nepangkeun diri ka Abu Habibi.
“ Ayeuna salira bade kamana Kian Santang?”
“ nya kaula nuju ngalalampah di ieu tanah arab, tos ngajalankeun ibadah haji, ayeuna kaula bade ngalalana didieu,”
“naha salira kersa upami ngiring jeung kaula ka karajaan kaula ?”
“ Kumaha Larasantang, Nyimas, rek ngiring sareng Abu habibi atanapi henteu, naha kersa atanapi henteu ?”
“ Dinda putri masrahkeun wae ka raka putri Patmawati ?”
“Dinda putri, raka putri oge teu tiasa nangtukeun etamah kumaha salira kang mas, “ nya ahirna Raden Kiansantang mutuskeun pikeun miang ka tempatna Abu habibi, saparantos kitu ahirna sadayana arangkat ka tempatna Abu Habibi di tanah Mesir nunggang garuda wisnu kancana, Abu Habibi oge ngiring nunggang garuda Wisnu Kancana.

PANCA WIBAWA
Saparantos dugi ka tanah Mesir, Raden Kiansantang, Dewi Patmawati sareng Dewi Larasantang cicing dikaraton Abu Habibi,
“Tah ieu karaton kaula kian Santang, naha salira betah aya didieu?”
“Abu habibi…., nuhun kaula tos diajak kakaraton salira, kaula tiasa ningal karaton salira “
“saenyana salain ngalaksanakeun Ibadah haji teh naha salira ngagaduhan pamaksadan salain ti eta dina dongkapna ka tanah arab teh ?”
“ saenyana memang kaula gaduh pamaksadan anu sanes, salain ngalaksanakeun ibadah Haji, “
“Gaduh pamaksadan naon salira teh kian santang..?
“Kaula nuju milarian arti panca wibawa,”
“Naon ari panca wibawa teh Kian santang ?”
“Ari panca teh lima, ari wibawa teh kahormatan, nyaeta lima cara pikeun neangan kahormatan, atawa kawibawaaan.”
“Naha geus kapanggih arti panca wibawa eta?”
“Nya kaula panggih panca wibawa nyaeta ditanah Madinah, anu tegesna d Prasasti Piagam Madinah, da saenyana mung hiji nu di teangan ku kaula sabab nu sanesnamah kaula tos uninga “
“Naon wae cenah panca wibawa teh kian santang ?”
“Anu kahiji ayana ditanah madinah, nyaeta kawajiban manusa pikeun ngajalankeun syareat Islam anu saluyu sareng hukum, sareng katangtuan syara, teras nu kaduana manusa teh kedah gaduh etika, kedah gaduh adab, tatakrama kasasama dina ngajalankeun kahirupanana, teu silih gorengkeun, teu silih beubeutkeun, boh anu saluhureun, boh nu sahandapaeun, nu katiluna dina hirup ngarahayat teh, tina ngabaur jeung nu sanesna urang teh kudu tiasa nguatkeun duduluran, nguatkeun silaturahmi, sabab kurasa ngahijina eta anu bakal jadi kakuatan ka hiji kaum atanapi nagara, nu ka opatna dina hirup ngarahayat teh dihiji kaum atanapi nagara teh kudu aya na pamingpin, anu ngurus kahirupan rahayatna, sabab lamun teu aya pamingpin meureun hirup urang teh dina ngarahayat bakal awut-awutan, tapi pamingpin nu kumaha heula, nyaeta pamingpin anu bijaksana anu ngarti kana wangi anu sajati nyaeta silih rojong antara pamingpin sareng rahayatna, ngajalankeun hiji sistem anu saluyu jeung adat istiadat, etika, tatakrama rahayatna, sareng anu ka limana, saur kanjeng rama kaula, nu eta mah teu kudu diteangan, sabab lamun anu opat geus kajalankeun nu kalimana pasti aya nyaeta rasa kaadilan kasarerea, anu ahirna ayana kasegemaan karahayat jeung kapamingpin.” Ngadangu kitu Abu Habibi ngahuleng ngaraga meneng sabab dina pangemutna naon nu di ucapkeun ku Raden Kiansantang gede pisan artina pikeun diri manusa sewang-sewangan, oge pikeun nagarana.
“Kian santang salian ti eta kaula bade netelakeun yen kaula kataji, mika cinta ka rayi hidep, nyaeta Dewi Larasantang.”
Ngadangu kitu Raden Kiansantang gumujeng, “nya etamah mangga bae, kaula mah teu ngahalang-halang upami pun rayi kersa mah kaula moal ngahesekeun ka salira pikeun ngahiji jeung pun rayi Larasantang naha hidep kersa, Abu habibi mikanyaah, mikacinta ka hidep, raka mas moal maksa, moal ngalarang ka hidep, sabab hidep anu bakal ngajalankeun kahirupan sareng Abu habibi, bade narima mangga, bade nolak oge terserah hidep “
“Raka mas, nya kaulamah kersa nanging kumaha kanjeng rama teu uninga meureun kaula teh kedah nyuhunkeun restu heula ka kanjeng rama sareng kanjeng ibu.”
“Nya raka mas nu bakal nyuhunkeun restu pikeun hidep ka kanjeng rama sareng kanjeng ibu, keun weh raka mas bae sorangan ka Pajajaran hidep mah cicing wae di dieu jeung raka putri, Abu Habibi kaula nitip bojo kaula jeung rayi kaula, kaula bade nyuhunkeun restu ka kanjeng rama sareng kanjeng ibu pikeun larasantang nikah sareng salira, Assalamualaikum... kaula ayeuna pamit bade mulih heula ka Pajajaran .” Saparantos kitu ahirna Raden Kiansantang mulih ka Pajajaran.

RADEN KIAN SANTANG MUTUSKEUN ALIM JANTEN RAJA SARENG NIKAHNA DEWI LARASANTANG KA ABU HABIBI
Saparantos pamit ka Abu Habibi, ka garwana sareng ka rayina, Raden Kiansantang mulih ka Pajajaran , dina waktos eta Raden Kiansantang emut kanu anu dilakukeun ku ramana dina waktos di ajak ngajugjug ka tempat padumukan ramana sareng akina, Raden Kiansantang ngalakukeun hal sapertos harita, dirina ngabersihkeun hate jeung pikirna bari nutup socana, ngarumasakeun teu daya teu upaya, anjeuna nyuhunkeun ka gusti Allah, rido jeung ikhlasna gusti Allah supaya dina waktos eta anjeuna langsung aya di Pajajaran, dina waktos sakolebat, sakiceup Raden Kiansantang tos aya di Pajajaran, anjeuna ngabuka socana anjeuna tos aya di karaton Pajajaran teras nepangan ramana, kanjeng ibu sareng eyangna di bale rahayu.
“Assalamualaikum...” Raden Kiansantang ngucapkeun salam kasadayana nu aya dibale rahayu.
“Waalaikum salam..” sadayana ngawaler salamna Raden Kiansantang .
“Bagja raden hidep tiasa mulih deui ka Pajajaran, mana bojo hidep jeung rayi hidep raden ?” Dewi Kumala naroskeun.
“kanjeng rama, kanjeng ibu, oge kanjeng eyang, putra dongkap nyalira ka Pajajaran, maksad putra ka Pajajaran bade nguningakeun, bade nyuhunkeun restu ti kanjeng rama, oge ti kanjeng ibu pikeun pun rayi Larasantang, dirina bade nikah ka Abu Habibi nyaeta hiji raja ti tanah mesir.” Sadayana bagja jeung sugema ngadangu sasauran Raden Kiansantang yen Dewi Larasantang bade nikah.
“Nya ku kanjeng rama di restuan raden, saurkeun bae salam ti kanjeng rama, ti kanjenng ibu, oge ti kanjeng eyang kasadayana nu aya diditu, hampura kanjeng rama teu tiasa kaditu “
“Nuhun kanjeng rama, ku putra di saurkeun kasadayana nu aya diditu.”
“Kumaha raden naha panca wibawa teh tos kauninga ku hidep,?” saur Mahapatih Surya Kancana naros ka Raden Kiansantang, nya ahirna raden kian santang nerangkeun arti panca wibawa sapertos anu dicarioskeun ka Abu Habibi.
Mahapatih Surya Kancana ngagabrug ka Raden Kiansantang “ bagja raden hidep tos uninga kanu arti panca wibawa annu saenyana, mugi mugi sing tiasa kalaksanakeun ku hidep pikeun lalampahan hidep dina ngurus nagara.”
“Nuhun kanjeng eyang, nanging hampura ka kanjeng rama, ka kanjeng eyang, ka kanjeng ibu, nu kaemut putra naha nagara teh gagaduhan kanjeng rama atanapi rahayat, dina pangemut putra ayeuna anu janten raja teh kanjeng rama, nanging lamun ayeuna putra ngadeg jadi raja di Pajajaran lamun kitumah nagara teh gagaduhan kanjeng rama, ayeuna putra bade naros ka kanjeng rama, naha nagara teh atanapi karajaan Pajajaran teh gagaduhan kanjeng rama ?”
Prabu Siliwangi gumujeng ngadangu patarosan Raden Kiansantang “kanjeng rama bagja bari jeung sugema raden, pamikiran hidep geus nepi kapalebah dinya, saluyu jeung pamikiran kanjeng rama, enya…. Nusaenyana kanjeng kanjeng rama teu rumasa ngabogaan ka ieu karajaan, kanjeng rama ngan saukur bakti ka nagara, ngurus nagara sabab kawajiban manusa pikeun ngamumule nagarana, tapi lamun hidep bisa jeung mampu pikeun ngurus nagara teu nanaon hidep jadi raja di Pajajaran, sabab ngan jalma anu ngarti jeung nu bisa anu bakal jadi raja, anu bakal mawa nagara sajahtra, nyaeta anu diridoan ku hyang widi, cirina hyang widi ngaridoan pikeun jalma jadi raja nyaeta dina waktu dirina jadi raja teu aya hujatan ti rahayat, jauh tina bancang pakewuh, sanajan aya oge tapi tiasa di kendalikeun, sabab ngarana oge di dunya. Rahayat narima kanu anu dilakukeun ku rajana, rajana narima kanu aspirasi rahayatna, kahayang rahayatna jadi duanana ngahiji antara raja jeung rahayatna pikeun nuju kana pangwangunan, ngamumule bangsa jeung nagarana.”
“Kanjeng rama, kanjeng eyang, dina mangsa ieu putra mutuskeun alim ngadeg janten raja di Pajajaran sabab putra rumasa bilih teu tiasa pikeun mingpin rahayat sadayana, putra yakin jeung percaya mun takdir putra pikeun jadi raja gusti Allah pasti nungtun, mere jalan ka putra pikeun ngajadi raja sabab takdir jeung jalan hirup putra anu bakal mawa putra jadi raja atanapi henteu.”
Ngadangu kitu Mahapatih Surya Kancana bingung, dina pangemutna saha anu bakal neraskeun deui Karajaan Pajajaran teh upami Prabu Siliwangi tos teu tiasa jadi raja.
“ Raden, kanjeng eyang bade naros ka salira, upami kanjeng rama tos teu tiasa janten raja saha anu bakal nampi atanapi narima ieu tahta karajaan Pajajaran lamun hidep alim ngajadi raja di Pajajaran.”
“Kanjeng eyang hampura, sanes putra alim narima tahta Pajajaran nanging takdir putra teu apal, lamun takdir putra bakal jadi raja Pajajaran gusti Allah pasti masihan jalan ka putra pikeun jadi jadi raja Pajajaran, tapi upami henteu mah moal aya jalan keur putra sanajan putra maksa pikeun jadi raja, tapi lamun takdir putra moal jadi raja Pajajaran, moal aya jalan keur putra pikeun narima tahta Pajajaran sapertos kanjeng rama, kanjeng rama alim pikeun janten raja Pajajaran, nanging kanjeng rama ditakdirkeun pikeun janten raja Pajajaran, aya jalan pikeun kanjeng rama narima tahta Pajajaran.”
“ Teras saha atuh ceuk pangemut hidep anu bakal neraskeun tahta Pajajaran saparantos kanjeng rama teu tiasa mingpin deui Pajajaran ?”
“ Ku jalma anu ngarti jeung nu bisa pikeun jadi pamingpin anu diridoan ku gusti Allah, sareng gusti Allah nakdirkeun ka eta jalma pikeun jadi raja Pajajaran.”
Mahapatih Surya Kancana, oge Prabu Siliwangi ngagabrug nangis ka Raden Kiansantang geningan harta jeung tahta lain jadi udagan dirina, Raden Kiansantang masrahkeun sadayana dina ngajalankeun kahirupanana ka kersana gusti Allah.
“Kanjeng rama, kanjeng ibu, oge kanjeng eyang, ayeuna putra bade pamit, deui ka tanah Mesir, nanging hampura lamun putra teu mulih deui ka Pajajaran.”
“Nya etamah teu langkung hidep raden, kanjeng rama teu tiasa maksa, nanging kanjeng rama pesen ka hidep dina ngajalankeun lalampahan hirup, hidep sing tiasa sabar, sing narima kana kanyataan, boh kanyeri, boh kabungah sabab eta anu saenyana anu jadi warna dina kahirupan manusa, hidep kudu tetep ngajalankeun kayakinan hidep, pamadegan hidep, dinu lalampahan hidep didunya anu sakeudeung, sareng deui kanjeng rama katitipan pesen ku datuk Larang tapa lamun hidep hayang nepangan dirina dongkap wae ka gunung ciremai, ayeuna kanjeng rama bade naros kasalira raden, hayang terang kanu tujuan hidep raden miang ti Pajajaran teh tujuan hidep kamana, bisi aya nanaon ka kanjeng rama oge ka Pajajaran, ngarah kanjeng rama tiasa masihan kabar ka hidep.”
“ Kanjeng rama, putra gaduh tujuan pikeun ngadirikeun padepokan di tempat kapungkur putra nuju ngalaman lara jeung tunggara, tah didinya padepokan eta ku putra bade dinamian Jati Sampurna, nyaeta nu hartosna jati diri anu saenyana, kanjeng rama, kanjeng ibu oge kanjeng eyang, ayeuna putra bade pamit, nyuhunkeun restu jeung doana ti sadayana, mugi-mugi putra tiasa salamet dunya jeung aherat.” Sadayana ngagabrug ka Raden Kiansantang, pileuleuyan ka Raden Kiansantang anu bakal ngalalampah ngalakonkeun kahirupanana.
“Assalamualakum… kanjeng rama, kanjeng ibu, oge kanjeng eyang putra pamit.”
“Waalaikum salam…..” sadayana ngajawab salam ka Raden Kiansantang.
Saparantos kitu, Raden Kiansantang ngajugjug deui ka tanah Mesir, saparantos dugi di tanah Mesir, Raden Kiansantang nikahkeun rayina Dewi Larasantang ka Abu Habibi, saparantos rengse nikahkeun rayina Raden Kiansantang sareng Dewi Patmawati miang ninggalkeun tanah Mesir ngajugjug ka Jati Sampurna pikeun ngawangun padepokan jati sampurna anu dibantosan ku raden sembada sareng datuk Larang Tapa, oge ku masarakat nu aya di sabudeureun padepokan jati sampurna.





NGAHIANGNA PAJAJARAN

MEGA BEUREUM KARAJAAN PAJAJARAN
Timimiti miangna Raden Kiansantang ka tanah Arab, bagja jeung sugemana Pajajaran saeutik-saeutik luntur ku leungitna putra mahkota, ku leungitna jalma anu bisa, anu ngarti kanu wangi anu saenyana, Pajajaran teu boga jalma anu bisa neruskeun tahta karajaan ditaneuh Pajajaran. jalma-jalma anu didirina boga rumasa pikeun jadi pamingpin, anu hayang kanu tahta, maranehna arusaha pikeun ngagulingkeun Prabu Siliwangi dina tahta karajaan.
Mereun mangsana, sabab karajaan moal salamina jaya jeung moal salamina aya dina puncak kajayaan, anging jalma-jalma anu ngarti kanu namina siliwangi anu teras ngarojong kabangsa jeung nagarana. Lami-lami seueur jalma anu masih kalimpud ku hawa napsu dunya, anu ngudag kanu tahta anu harayang ngajadi raja. Kaayaan Pajajaran seueur deui ku bancang pakewuh, seueur deui ku pambarontakan nu harayang tahta ngalawan kana pamarentahan Prabu Siliwangi, mingkin lami nagara mingkin meunang lara jeung tunggara.

GEMPUNGAN PRABU SILIWANGI JEUNG PARA PINISEPUH PARA SENOPATI JEUNG PARA PAJABAT KARAJAAN PAJAJARAN
Dijero karaton Pajajaran Prabu Siliwangi, para pinisepuh, para senopati jeung para pajabat karajaan anu sanesna, ngayakeun gempungan pikeun nyawalakeun kumaha carana nyanghareupan bancang pakewuh nu aya di Pajajaran ayeuna.
“Uwa patih, naha uwa patih gaduh cara pikeun nyanghareupan kajadian model ayeuna ?”
“Nak Prabu, uwa patih masih keneh baluweng teu acan kenging cara pikeun nyanghareupan kajadian ayeuna, mangga kasadayana bilih aya nu ngagaduhan cara pikeun nyanghareupan kajadian nu aya di Pajajaran ayeuna mangga sok nyarios ngarah ka uninga ku sadayana.”
Senopati Buana Reksa masihan cara ka Prabu Siliwangi : “Kanjeng Prabu lamun tos katingal mah anu bade ngacaukeunana kumaha upami urang lawan bae, bade perang mangga atawa bade kumaha, ? sabab kawajiban urang sadayana pikeun ngajaga nagarana.”
“Hampura, memang enya kawajiban urang sadayana pikeun ngajaga nagarana tapi urang sing inget, maranehna teh ti Pajajaran keneh, lamun manehna bisa mah pikeun ngurus nagara mangga bae, maranehna boga hak pikeun ngamumule nagarana, naging geningan carana nu model kieu, carana ngagulingkeun pamarentahan nu geus aya, bisa wae ku kaula dibikeun ieu tahta Pajajaran tapi nu harayang jadi raja teh lain hiji, mun ayana ngan saukur hiji oge ngalawan ka pamarentahan jeung carana model kieu mah kaula sieun maranehna dina marentah mawa karep sorangan, mangga bae ari harayang mah ku kaula dibikeun, nanging mana tanggung jawab kaula salaku raja ka rahayatna mikeun tahta kajalma anu teu ngarti kana wangi anu sajati anu teu apal kanu arti kana kujang raga kusumah, kaula moal mertahankeun diri kaula pikeun jadi raja da timimitina oge saenyana kaula mah embung ngajadi raja, kaula daek jadi raja pangniatan kaula hayang ngamumule nagara jeung nyieun amal ibadah keur diri kaula pikeun muka jalan ka sawarga, ku kaula dibikeun ieu tahta lamun maranehna ngalarti mah, heg bae, kusaha bae, asal maranehanana balener hate, pikir, ucap jeung lampahna, tapi jeung deui ku kaula tos dicaritakeun, lamun ku kaula ayeuna dibikeun, mana tanggung jawab kaula salaku raja ka rahayat sadayana, kaula nyuhunkeun kasadayana kumaha carana, ayeuna kaula nuju balueung, mangga bae sok nyarios anu sanesna…!”
Sadayana ngahuleng ngaraga meneng buntu jalan pikirna, bingung kumaha carana pikeun nyanghareupanana, sadayana caricing teu aya nu wani nyarita dugi ka ahirna Mahapatih Surya Kancana nyarita “ nak Prabu lamun kieu mah bingung kaula oge, dibikeun ieu tahta salah, mertahankeun ieu tahta oge salah.”
“Muhun uwa patih, lamun kaula mertahankeun ieu tahta kaula sieun kaula disebut jalma sarakah anu hawek kana tahta, lamun kaula mikeun, kaula sieun disebut raja anu teu gaduh tanggung jawab karahayatna nu ahirna bakal nyangsarakeun rahayat sadayana.”
Sadayana tetep ngahuleng ngaragameneng nyanghareupan karajaan Pajajaran anu seueur ku bancang pakewuh ayeuna, anu seueur ku pambarontakan nyaeta jalma-jalma anu ngudag tahta, dugi ka ahirna Mahapatih Surya Kancana ngusulkeun ka Prabu Siliwangi jeung kasadayana : “hampura nak prabu oge kasadayana, daripada kieu mah kumaha upami ku kaula urang leungitkeun bae ieu karajaan Pajajaran teh, sabab ari tos leungit mah naon nu rek di udag ku maranehna.”
Sadayana reuwas ngadangu sasauran Mahapatih Surya Kancana, Prabu Siliwangi nangis ningal kaayaan ayeuna, anjeun ameredih ka hyang widi, nyuhunkeun pituduh jeung pitunjuk kumaha nyanghareupanana, ayeuna kaemut kusadayana, kauninga ku sadayana nuaya didinya, sanajan nagara dipimpin ku jalma anu bener, anu ngarti kanu wawangi anu saestuna, anu ngarti kanu raga kusumah anu saenyana geningan nagara teh bisa keneh ancur sanajan anu mingpina bener, jalma anu teu ngudag harta, jalma anu teu ngudag tahta, komo deui lamun di pimpin ku jalma anu ngudag tahta jeung harta meureun nagara teh bakal leuwih awut-awutan, nya ahirna sadayana masrahkeun ka Prabu Siliwangi tindakan naon anu bade di lakukeun. Nya ahirna Prabu Siliwangi nyarita : “ lamun bener ucapan kaula mereun ieu pitunjuk hyang widi, tapi lamun salah ucapan kaula meureun ieu kasalahan kaula salaku manusa, salaku jalma biasa, kaula nyatujuan ka usulan uwa patih pikeun ngerelepkeun ieu karajaan, leungitkeun ieu karaton Pajajaran.”Ahirna sadayana anu aya didinya ngagerentes, mereun takdir Pajajaran ayeuna mangsana Karajaan Pajajaran leungit ti alam dunya.

PILEULEUYAN PRABU SILIWANGI KA PAJAJARAN
Saparantos Prabu Siliwangi ngayakeun gempungan sareng sadayana, nyaeta Mahapatih Surya Kancana, para pinisepuh, para senopati jeung para pajabat karajaan Pajajaran dina mangsa eta, di selangan sababaraha dinten Prabu Siliwangi ngempelkeun sadayana masarakat Pajajaran, timimiti pajabat karajaan dugi ka rahayat biasa, dugi ka hiji mangsa datangna waktu pikeun paturay, paturayna rahayat jeung nagarana, Prabu Siliwangi ngempelkeun sadayana di alun-alun pasundan, dipayuneun sadayana Prabu Siliwangi nyarita atanapi panguat hate pikeun ihlas ku leungitna Pajajaran, tapi lain leungit ku dirampas, lain leungit ku dijajah tapi leungit disumputkeun, moal aya tapak saeutik oge pikeun jalma-jalma anu rek ngudag kakawasaan.
“Rahayat sadayana, sateuacana kaula menta hampura kasadayana, pileuleuyan sadayana, salaku raja kaula teu tiasa nyugemakeun ka sadayana, meureun ieu mangsana, takdir ieu nagara mereun kudu leungit, buka hate jeung pikir kusadayana pikeun ihlas kana narima kanyataan, sabab, nu saenyana kahirupan urang teh geus aya nu ngaturna, mugi sadaya tiasa rido jeung ihlas ku teu ayana Pajajaran, ku leungitna Pajajaran sabab saenyana daripada diparebutkeun, diparebutkeun tahtana, diparebutkeun karajaanana mendingan di leungitkeun bae, daripada perang antawis dulur jeung baraya sanagara, mugi sadayana sing tiasa rido jeung ihlas narimakeunana, ihlas ku leungitna nagara, ihlas ku leungit tialam hirupna, nanging, lain leungit ku dirampas, lain leungit ku dijajah, tapi leungit ku disumputkeun pikeun ngajaga perang antara dulur sanagara, pileuleuyan kasadayana, kanagara jeung rahayatna Pajajaran, sanajan aranjeun pada satia ka kaula tapi geningan kieu kanyataanana, dina bagja jeung sugema aranjeun oge kudu ngalaman sangsara, ngalaman lara jeung tunggara, meureun ieu teh cocoba pikeun urang sadayana, dina lalampahan urang didunya sabab nu saenyana dina kabagjaan teh pasti aya kasusah, kitu oge sabalikna dina kasusah teh pasti aya kabagjaan, mugi-mugi sadayana ihlas narimakeunana, narimakeun kanyataan anu datang kanagara dina bagja jeung sugema, kitu oge dina lara jeung tunggara. Timimiti poe ieu Pajajaran leungit, leungit ti alam hirupna, Pajajaran moal ninggalkeun tapak, engke jagana ngan saukur ngaran pikeun nu neang Pajajaran, saacan Pajajaran leungit anjeun sadayana kudu marilih pikeun ngalalampah ngajalankeun kahirupan aranjeun, sabab sanajan Pajajaran leungit urang sadayanamah tetep teras ngajalankeun kahirupan urang, rek kamana bae, rek kumaha bae, kaula moal ngahalang-halang, rek kakidul los, rek kabelah kaler jig, rek kabelah kulon mangga, rek kabelah wetan heg, sabab kaula yakin aranjeun sadayana dina ngajalankeun kahirupanana pasti boga maksud jeung tujuan, boh tujuan dunya oge tujuan aheratna, mugi kabagjaan nyarengan urang sadayana, mugi-mugi kurido jeung ihlasna aranjeun dina narimakeun kanyataanana, narimakeun kanyataan kahirupan, mudah-mudahan jadi ciri rahayat Pajajaran anu ngondang jalma-jalma engkena pikeun jadi eunteung engke kumaranehanana dina ngajalankeun kahirupanana, anu ngarti kanu wangi, nyaeta silih seungitan ka sasama manusa, kajelema sanagara oge ka batur, mudah-mudahan engke jaga bakal aya jalma anu bisa mukakeun, anu bisa ngartikeun, anu bisa nerangkeun kanu arti saenyana kahirupan kasasama, ka bangsa jeung ka nagara, nyaeta nu ngarana budak angon, tapi lain ngarana budak angon, tapi manehna ngarti kanu arti ingon-ingon, nyaeta ngajaga, ngabuka rahasia Pajajaran dina ngurus nagarana, kumanehna dikumpulkeun tutunggul jeung kalakay saeutik-saeutik, diajar ngalalakonkeun kalakay Pajajaran anu hiji-hiji kapanggih ku dirina, bakal loba lalakon, bakal loba carita kanagara, dina ayana dialam dunya, yen saenyana bagja jeung sugemana Pajajaran lain ku kaula sorangan, lain ku rahayat sorangan tapi gawe nu rancage pamingpin jeung rahayatna, dibarengan ku karidoan hyang widi, sabab hyang widi anu nangtukeun sagalana, nu masihan karidoan ka hiji nagara pikeun jaya, kumaha carana pikeun neangan ridona hyang widi, nya ku kaihlasan urang dina ngajalankeun lalampahan ku bersih hate, jeung pikiran jalma anu nyicingan eta nagara, oge bener ucap jeung lampahna anu didasaran ku pamadeganana, mudah-mudahan leungitna Pajajaran di jieun conto engkena ku jalma-jalma anu ngurus bangsa jeung nagarana, ku kabeneran pamingpin jeung rahayatna, jeung runtuhna oge diwangun ku kasarakahan pamingpin jeung rahayatna, mugi-mugi engke jaga sanajan jaman jeung mangsana beda, Pajajaran bakal ka panggih deui, bakal ngadeg deui, dibarengan ku obahna jaman, dicicingan ku jalma-jalma anu ngarti, bersih hate jeung pikirna, hade ucap jeung lampahna, dina ngajalankeun kahirupanana, iraha mangsana, mun gunung gede enggeus bitu, disusul ku tujuh gunung, urang sadayana disasambat, lain disasambat jin jeung jurigna tapi disasambat kabeneran lalampahan urang sadayana dina meunangkeun kabagjaan, dina meunangkeun kasugemaan, dina ngeusian bangsa jeung nagarana, jig ayeunamah geura narindak pikeun ngajalankeun kahirupan aranjeun kabeh, jig mariang, bral lumampah, mudah-mudahan sadayana manggih kabagjaan jeung kasugemaan, nu rek milu jeung kaula tiayeunamah geura marisah ka belah kidul, nu rek milu jeung nu jaya tiayeuna geura marisah kabelah wetan, nu rek tetep cicing di ieu karajaan tiayeuna geura marisah kabelah kaler, nanging hampura karaton karajaan moal aya, jig weh ayeunamah miang heula kabelah kaler, sabab kaula teu tega pikeun aranjeun nu rek cicing di ieu karaton ningal ngerelepna karaton Pajajaran, jeung nu moal milu kasasaha tiayeuna geura marisah kabelah kulon, papay tapak lacak putra kaula Raden Kiansantang nu ayeuna miang katanah Arab, anu saterasna gaduh tujuan pikeun ngadegkeun padepokan jati sampurna, bejakeun ku aranjeun lamun panggih jeung dirina Pajajaran tos leungit kahirupanana, leungit karaton jeung nagarana tialam kahirupan anu nyata, jig geura narindak, bral geura lumampah tapi ulah ngalieuk ka tukang.”
Saparantos Prabu Siliwangi ngucapkeun kitu, sadayana mariang pikeun neruskeun lalampahan kahirupannana, marilih pikeun nangtukeun tujuan hirupna, saparantos sadayana miang ngan anu tibelah kidul mah teu acan miang ngantosan heula Prabu Siliwangi, teras Prabu Siliwangi nepangan uwana nyaeta Mahapatih Surya Kancana.
“Uwa patih, pileuleuyan uwa, ieu karaton rek dileungitkeun ku uwa, saterasna lamun parantos karaton leungit kanjeng uwa bade kamana ” ?
“Tong sedih nak Prabu, jig weh miang kaditu, tinggalkeun ieu karaton Pajajaran, tong mikirkeun uwa didieu, tong nyaksian leungitna jeung ngerelepna ieu karaton Pajajaran, jig lumampah…”
Saparantos kitu Prabu Siliwangi amanat ka dua maung ingon-ingona, “ warta gana, warta gani, tong kamana-mana, hidep anu jadi tanda bisi putra kaula datang ka ieu karaton Pajajaran, tah nitip ieu mun manehna datang bikeun ka dirina.” Prabu Siliwangi masihkeun hiji serat atanapi pusaka pikeun putrana nyaeta Raden Kiansantang, bilih hiji mangsa datang ka tilas karaton Pajajaran, saparantos kitu Prabu Siliwangi miang sareng anu sanesna, anu bade ngiring sareng anjeuna nyaeta tamtama nagara anu ngarana alap-alap Surajati, nu sabagian di utus ku Prabu Siliwangi pikeun milarian putrana nyaeta Raden Kiansantang anu mudah-mudahan anjeuna geus ngawanggun padepokan jati sampurna, saparantos Prabu Siliwangi lumampah, Mahapatih Surya Kancana ngerelepkeun karaton Pajajaran, ngaleungitkeun karaton Pajajaran disaksian ku dua ingon-ingon Prabu Siliwangi.
“Pileuleuyan Pajajaran, mudah-mudahan gusti Allah ngaridoan, bakal kapanggih engke jaga, bakal kapanggih deui bagja jeung sugemana Pajajaran. “ Saparantos ngucapkeun kitu, Mahapatih Surya Kancana oge ngiring ngerelep, ngiring ngaleungit, ngiring ngahiang sareng karaton Pajajaran.

WANGSIT SILIWANGI
Saparantos Prabu Siliwangi ngutus sabagian alap-alap Surajati anu ngiring jeung dirina pikeun neang Raden Kiansantang ka jati sampurana, Prabu Siliwangi harita nyarita kanu bade ngiring sareng dirina : “sadayana anu ngiring jeung kaula, hayu ayeunamah urang ngajugjug heula kahiji guha pikeun gentos anggean.”
“Gentos anggean kumaha gusti Prabu ?” saur salah saurang tamtama.
“Ayeunamah Pajajaran mereun geus teu aya, urang buka simbol-simbol Pajajaran ngarah ku batur teu ka uninga yen urang teh ti Pajajaran.” ahirna Prabu Siliwangi jeung sadaya anu ngiring ka dirina anjog kahiji guha nu aya di belah kiduleun karaton Pajajaran, sadayana gentos anggean ku anggean bodas, teu nyandak panji-panji atawa simbol-simbol anu ngalambangkeun Pajajaran, saparantos kitu sadayana neraskeun lalampahan dugi ka ahirna patepang sareng jalma-jalma nu ngahijikeun kakuatan anu boga tujuan pikeun ngarebut tahta Pajajaran, Prabu Siliwangi ahirna kersa pikeun ngalawan, sabab anjeuna sareng sadayana ayeuna teu nyandak atanapi teu ngangge panji-panji Pajajaran atawa simbol anu ngalambangkeun Pajajaran, anu bade ngarebut tahta Pajajaran oge teu uningaeun yen nu disanghareupanana teh Prabu Siliwangi jeung para tamtamana, saterusna perang campuh kajadian, perang anu sakitu rongkahna, perang patutunggalan, ahirna sadayana perlaya teu aya nu nyesa saurang oge, boh tipihak Prabu Siliwangi, boh tipihak nu hayang ngarebut tahta Pajajaran, sadayana perlaya kitu deui Prabu Siliwangi, anjeuna perlaya dina eta perang.
Sedengkeun jalma-jalma rea anu marilih pikeun tetep di Pajajaran, sanajan tos leungit teu aya dialam nyata, anu miang kabelah kaler baralik deui neang tapak Pajajaran, tapi ku maranehna Pajajaran teu kapanggih, nu aya ngan saukur leuweung geledegan, nu pinuh ku tangkal caringin, aranjeuna ngawangun pakampungan bari di gugulung ku kasedih jeung kareueus ku leungitna Pajajaran, ahirna ku sadayana, ku rahayat, ku para pandita jeung para tokoh agama nu sanesna nu dipupuhuan ku Adipati Wirasaba, ucapan-ucapan Prabu Siliwangi dina waktu rek ngaleungitkeun karaton Pajajaran, kusadayana nu aya didinya pikeun nguatkeun hate, maranehna ngadamel wangsit Siliwangi anu eusina sabagian nyandak na ucapan Prabu Siliwangi.

CIRI AYANA PAJAJARAN
Saparantos Pajajaran leungit, tos teu aya dialam nyata, ciri nuaya yen Pajajaran teh pernah aya dialam kahirupan nyaeta ku ayana padepokan jati sampurna anu diwangun ku putrana Prabu Siliwangi, nyaeta Raden Kiansantang, anjeuna teras ngawangun eta padepokan bari nyebarkeun agama Islam, dugi ka ahirna eta padepokan jati sampurna teras diwangun dugi ka janten kasultanan ku putra Dewi Larasantang nu jenenganana Abu Syarif nu lahir di tanah mesir, nu ahirna gaduh gelar Sunan Gunung Jati, tah eta anu jadi ciri yen Pajajaran teh pernah aya ku ayana turunan Pajajaran.

Alhamdulillahirobilalamin…..

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar