Rabu, 10 November 2010

KIDUNG PAJAJARAN

KIDUNG PAJAJARAN


Biru langitna Pajajaran ngagenclang caang, dihias ku bentang ti peuting, muka hate ku rasa damai, muka hate ku katenangan, muka hate ku rasa welas, ku silih asah, silih asih, silih asuh, ngandung wibawa, karta jeung raharja, disiloka ku kujang raga kusumah, suci diri, bersih hate, ucap, pikir jeung lampah. Jayana Pajajaran lain saukur ku kajayaan, lain saukur ku kawibawaaan, tapi dibarengan ku jayana karidoan hate, kaikhlasan hate, jeung kabersihan hate. Sanajan Pajajaran runtuh, tapi hate nu nyicingan Pajajaran tetep rido, ikhlas, sabab sadayana tos kersaning hyang widi, sabab eta anu bakal mawa Pajajaran salamina aya di puncak kajayaan, Raga kusumah anu bersih, anu pinuh ku welas asih, anu disimpen dinu hate, anu dibuka ku pikiran, anu kaluar dinu ucapan, anu dijieun ku lalampahan, bagja jaya Pajajaran ku kaendahan, ku kasejukan, anu ngarti kanu arti gemah ripah loh jinawi saenyana, sareng disanjataan ku trisula, didadasaran ku agama, diendah-endah ku pangabisa, dibere ciri ku pangarti nu jadi wibawa Pajajaran. Ayana Pajajaran dilingkung ku gunung Tangkuban Parahu tibelah kidul, dilingkung ku curug ti belah wetan, diwatesan ku sagara ti belah kaler, pambuka gerbang karajaan ayana tibelah kulon, diwatesan ku walungan citarum, Pajajaran leungit teu mangrupa, ngahiang euweuh tapak, anging hate jeung pikiran anu bersih anu bisa ningali Pajajaran anu saestu, sabab leungitna Pajajaran disumputkeun ti jalma-jalma anu ngudag kakawasaaan, anu ngudag tahta, anu teu ngarti kanu arti sajatina pamingpin, sabab pamingpin saestuna ngan saukur jadi babu rahayat anu daek ditutah-titah ku rahayat, lain sabalikna, rahayat anu ditutah-titah ku manehna.